Mun ngahaja
atawa ukur ngaliwat ka lembur Lima Belas, kuring sok ka warung Ceu Marni heula,
ngadon diuk nyanghareupan kadaharan nu sakitu ceuyahna. Surabi oncom, cuhcur,
nepi ka gehu ngajajar minuhan meja. Tina lalangit ngagantung cai herang nu
dibungkus plastik herang. Ngarah taya laleur ceuk Ceu Marni mah. Lain diuk
wungkul di warung Ceu Marni teh, eta we, kabita ku goreng sampeuna. keur hipu teh,
ngeunah deuih. Komo nu panas, dijodokeun ku cikopi pait, payus pisan.
“Ceu, naon
samarana sampeu teh?” Kuring panasaran bari
ngahuapkeun sampeu.
“Atuh
dibejakeun mah moal laku, Jang!” Walon Ceu Marni bari ngeusian lodor ku gehu.
Bener, enya
oge urang kampung, nyaho pisan kumaha jual-beli nu nguntungkeun. Tada teuing
simpena warung Ceu Marni mun resépna dibeja-beja. Eta tuda, teu kolot teu
budak, paribasa teh mun sapoe teu ngasaan kadaharan ti warung Ceu Marni, asa
aya nu kokoet kana tikoro. Dalah teuing Bi Eha nu keur nyiram, hayang bala-bala
Ceu Marni cenah, mangkaning mangsa janari leutik.
Sigana
heunteu make pelet mah meureun, tapi nu ngariung di warung Ceu Marni asa loba
wae. Nu nghaja nyaneut atawa ukur ngawangkong datang-indit silihgenti. Ceu
Marni mah bisa meuli hate nu meuli, nepi ka nu meuli teh hayang balik deui.
Harita teh
keur pasosore, kuring dititah nganteurkeun pacul ka Wa Haji Subhan di lembur
Lima Belas. Sajajalan ukur ngabayangkeun sampeu Ceu Marni. Tuda geus nincak ka
dua mingguna poe ieu teh, kuring teu ka warung Ceu Marni. Bae nganteurkeun
pacul mah, nu penting taya nu kokoet kana tikoro.
Leumpang
digancangkeun, bisi teu kabagean nu panas. Kuring apal pisan jam sakieu mah
waktuna ngeusian lodor ku sampeu nu panas. Paamprok jeung jelema oge teu di
tanya, teu kuat tuda.
Mangkaning
beres pengkolan ieu warung teh katingali, duh naha siga nu rek neang gajih wae.
Beres
pengkolan, panon langsung ningali ka warung.
Aeh, naha
simpe?
Kuring
panasaran, buru-buru ngadeukeutan.
Heueuh, nutup
warung teh! Kamana ari Ceu Marni? Geringkitu? Ah, mun gering ge sok ditungguan
ku pembantuna biasa ge. Atawa ngalayad? Ka saha atuh, da Ceu Marni mah teu
bogaeun dulur nu deukeut. Di Kalimantan Selatan nu pangdeukeutna ge. Pindah ge
asa teu mungkin.
Kuring
keketrok. Taya nu nembal.
Antukna
kuring indit bari tikoro asa aya nu ngeretan.
Balik ti Wa
Haji Subhan, mengkol heula ka si Asep.
“Salila dua
minggu ieu, lembur Lima Belas kaancikan jurig ti kota!” Asep muka carita.
“Maksud na
kumaha?” Kuring kerung.
“Nu
pangripuhna mah Ceu Marni. Warungna kapaksa ditutup sabab meneran tungtung
batas pikeun perumahan. Ti imah mang Dirja ka kulonkeun oge beunang. Urang ditu
dipaksa kudu ngajual tanahna ka calo, bari
murah deuih. Nu teu mere kapaksa kudu baligtungan jeung tukangteunggeul.”
“Naha teu
dilaporkeun ka pulisi?”
“Dilaporkeun?
Heh, saruana pulisi ge. Maranehna narima duit ti Calo tea. Mang Dudi kapaksa
kudu ngaringkuk di bui sabab embung mikeun tanah titinggal kolotna.”
Kuring
gogodeg. Jaman sakitu geus robah, reformasi ayeuna teh cenah, tapi aya keneh
kajadian siga kieu.
“Ari Ceu
Marni kamana atuh?” Ujug-ujug nanyakeun basa tikoro ateul.
“Ka Dayeuh,
rek muka warung di ditu. Puguh karunya urang ditu oge, tapi dalah kumaha, nu
wani-wani ngabantuan batur kalah diancam kitu kieu.
“Saha kitu
calona?”
“Pa Apep.”
“Pa Apep?
Insinyur Apep urang tonggoh?” Asep unggeuk.
Nyel teh asa
aya nu ngaduruk. Ngaheab hate ngadenge ngaran Pa Apep.
“Naha Pa Apep
jadi kitu?”
“Eta oge pan
dititah atasanna nu di dayeuh. Geus lah, mending maneh balik ka dituh, bisi
tukang teunggeulna ningali.”
Orokaya, rek
ngawangkong panjang teh teu jadi. kapaksa kuring balik.
Beja
pabeja-beja, lembur Lima Belas jadi simpe mun beurang. Kaluar imah oge ari teu
darurat-darurat teuing mah kajeun noong tina jandela wae. Nu ka sawah oge
kapaksa kudu ngabring. Barudak taya nu mengbal di lapang hareupeun kantor desa,
geus pasti ibu-ibu mah, tibatan ka luar ti imah mending nyumput di pangkeng.
Taya nu wani
nyanghareupan Pa Apep jeung tukang teunggeeulna, bubuhan kakara kajadian siga
kieu tumiba ka lembur Lima Belas. Urang luar lembur Lima Belas oge ayeuna mah
taya ni wani asup atawa ngaliwat. Kapaksa nu ngaliwat teh nakul meulah pasir ka
lembur Pakayuhan.
Jadi mikiran
Ceu Marni, kumaha nasibna di Dayeuh. Kumaha dagangna. Ah, da mun diparengkeun
harita panggih, sina cicing di lembur kuring. Keun bae warung mah, saung
deukeut parapatan sina diuesian.
Mun diteang
ka dayeuh, nu mana dayeuhna. Pan sakitu legana. Lieur deuih nanya jalma di
Dayeuh mah, matak kalangsu mun teu nyaho jalan-jalanna.
Sabulan ti
harita, imah nu beunang ku proyek geus rata jeung taneuh. Mang Dirja bati
sesegruk basa imahna digusur ku doser. Kitu oge nu lian, nu imahna beunang ku
proyek, ukur bisa ngarahuh tukangeun jeung nyeungceurikan imahna
sewang-sewangan nu geus taya dikieuna. Bi Eha mah nepi ka kokosehan bari
mamangku orokna.
Teu
kakocapkeun kumaha sedihna urang lembur Lima Belas.
“Kudu
dilaporkeun!” haok Mang Dirja.
Sarerea nu
ngariung melongkeun.
“Naha neuleu
aing? Silaing kabeh sieun? Hah!?
Nu aya harita
teu kemek-kemek acan.
“Euweuh nu
wani mah keun ku aing! Tuman jalma gelo kitu mah!”
“Yu,
baturan,” ceuk saurang.
Mang Dirja
ngagidig sorangan. Sarerea silih pelong.
“Yu,
baturan.” Ceuk saurang.
“Hayu.”
“Hayu.”
Tungtungna
kabeh nuturkeun Mang Dirja nu geus leungit beh pengkolan.
“Ya, kami
akan segera usut kasus ini. Saudara-saudara harap mengumpulkan bukti”.
“Jadi moal
ditewak, Pa?” pok Mang Dirja.
Pulisi
neuteup.
“Harus ada
bukti!” jawab pulisi satengah ambek.
Sajajalan
balik ti kantor Pulisi, Mang Dirja kukulutus. Kuring nu harita milu oge
kacarekan basa milu mairan.
Saminggu dua
minggu, taya Pulisi nu datang. Nincak ka tilu mingguna kitu oge. Urang Lima
Belas beuki teu puguh kasapopoeanana. Komo nu taneuhna beunang ku proyek. Mang
Dirja kapaksa numpang di imah RT Jajang.
“Naha can
datang wae pulisi teh? Ningali-ningali kaayaan atuh!”
“Sabar, Mang.
Pulisi ge kudu ngimpulkeun bukti heula kapanan.”
“Ah, nyaho
kieu mah bedo aing percaya pulisi!”
Enya da,
kurang leuwih sabulan satengah ti harita taya pulisi nu datang. Proyek geus
jalan, nu digarawe beurang peuting meureut kesangna. Tihang-tihang club-cleb
diditu-didieu.
Ngan poe Rebo
isuk-isuk basa kuring ka Lembur Lima Belas rek nanyakeun alamat Ceu Marni, di
tempat proyek ngagimbung urang lembur. Miceun panasaran, kuring nyampeurkeun.
Ceu Marni
nulak cangkeng hareupeun Pa Apep.
“Aing geus
lila sabar. Sia teu ngarti wae! Naha sia teh lain urang dieu hah? Sangeunahna!”
Pa Apep bati
ngahodhod dikitukeun mah. Tong boro Pa Apep nu langsung narima omongan Ceu
Marni nu kitu, dalah kuring ge ngembang kadu. Naha naon pagaweanana di dayeuh
teh, nepi ka kitu.
Sajam ti
harita, sora sirineu jeung tembakan dur-dor.
Kabeh urang
Lembur Lima Belas dicerek.
“Ieu kaadilan
teh?” Ceu Marni rumahuh.
Cianjur, 12 Desember 2002
Tidak ada komentar:
Posting Komentar