Taun ajaran 2012-2013 sakeudeung deui datang. Aeh, di sababaraha tempat mah aya nu geus ngayakeun Masa Orientasi Peserta Didik (MOPD), sangkan ninggang di tanggal 16 Juli teh libur awal puasa. Teuing, kawijakan teh pabeulit sanggeus otonomi. Nu asup PAUD, TK, SD, SMP, SMA, paguron luhur, kiwari mitembeyan nyuprih pangarti di sakola anyar.
Sagala anyar, kitu nu kabandungan. Galib, kudu sagala diaya-aya (saaya-aya kudu aya, insya Alloh aya). Buku, pulpen, jeung baturna kudu sagala anyar. Ari baju mah karep kolot sewang-sewang, da ari teu mampuh pisan mah maenya kudu ngaborehkeun nyawa. Tapi da enya, nepi ka baju oge kudu anyar.
Balukarna, pagaden padedet, bank kiridit duk-dek. Hayang nyugemakeun, hayang nyakolakeun, hayang budak leuwih punjul ti kolotna, hayang budak jadi jalma bener, piraku make baju urut lanceukna, lah da teu sabaraha, rupa-rupa alesan sagala diaya-aya teh. Mun tea mah bener-bener aya, teu jadi masalah. Ieu mah ninggang di euweuh, mangkaning pabeulit jeung urusan padaharan. Da ari eusi uteuk teh beda-beda, aya nu keukeuh budak kudu sakola, kapanan aya oge nu "Hampura Ujang, Nyai, tong boro keur sakola, dalah keur dahar sapopoe oge koreh-koreh cok."
Mun geus kitu, saha nu salah? Kolot? Pamarentah? Pasualan ekonomi sok jadi pasualan panghareupna dina nangtukeun kahirupan, eta ge pikeun sababaraha (boa loba) jalma. Sakola, kawin, pokona mah sarupaning pangabutuh bakal ngukur jerona pesak. Mun rek nyalahkeun kolot nu pola pikirna rea keneh nu "kolot", hese, da bener atuh, keur jajan sapopoe budak di sakola teh bisa sapoeeun dahar sakulawarga. Geus we urang salahkeun pamarentah atuh? Teu bisa deuih, da sakola teh - nepi ka SMP mah - haratis. Tah lamun geus kieu kabeh oge pasti baluweng, da singhoreng urang mah sakabehna ngukur heula jerona pesak. Tinggal sadarna, kolot sadar yen budak teh kudu meunang pangarti sakumaha nu diajarkeun ku agama. Atuh pamarentah kudu surti nempo kaayaan masarakat siga kitu. Kira-kira, saladar moal? Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar