Naon pentingna maca? Pira ogé mapay kecap jadi winangun kalimah, tug nepi ka wacana, taya nu ahéng. Maca buku upamana, naon pentingna? Saukur muka, tuluy - heueuh - maca téa, tutup deui. Geus. Jadi, naha atuh guru di sakola atawa pangajian keukeuh nitah muridna sangkan daék maca?
Sacara singget, Tarigan (1985) nyebutkeun yén maca téh metik sarta maham harti tina bahan tinulis. Saukur kitu? Sakitu gé cukup. Nu jadi poko, nalika urang maca, éta bisa méré harti, pangaweruh, atawa élmu pikeun urang. Naha bisa kitu? Saderhanana, lamun urang indit ka hiji tempat, sajajalan urang macaan ngaran toko atawa tanda patalimarga. Tah, dina hiji waktu urang ditanya dimana toko A, urang bakal langsung nyebutkeun di dinya, da urang kungsi maca. Ayeuna larapkeun lamun urang maca hiji buku, pangaweruh urang sahenteuna nambahan hiji. Dua buku? Tilu? Lima puluh?
Lian ti nambahan kaweruh, maca ogé bisa ngasah uteuk urang. Ulah agul disebut uteuk masarakat Indonesia mah mahal sabab can kungsi dipaké (mikir). Lamun mindeng diasah, bakal seukeut tah uteuk téh, seukeut dina mikir, seukeut dina nimbang, seukeut dina mutuskeun hiji hal. Mun teu diasah, hartina teu dipaké maca jeung mikir, nya meureun heueuh uteuk urang téh siga barang dina étalaseu toko nu dibungkus kénéh.
Sabenerna mah geus kabandungan ku saréréa ogé, jalma nu resep maca tur sakur bacaanna diamalkeun, éta jalma téh aya onjoyna, katémbong punjulna. Tapi, kasadaran nu jadi pasualan. Enya, kasadaran urang pikeun maca. Urang teu sadar (atawa embung) jadi jalma nu punjul ti batur. Naha éta geus ngabaju di urang? Teu kudu punjul, nu penting mah mujur. Keun batur nu punjul mah, kuring mah asal bisa ngarénghap wé. Mun geus kitu, naon hartina ungkara mimiti dina Alquran: IQRO? Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar