Selasa, 10 Juli 2012

Basa Sunda

Basa Sunda teh basa nu beunghar, kitu ceuk kolot. Ilikan: galang, giling, gulung, géléng, golong, galing, gulang(-gulang), gilang (-gumilang), galung(an), gélang, gelung, geleng, galeng, guling, golang, jeung réa-réa deui. Enya kitu? Moal nyebutkeun henteu, da rumasa cicing di Tatar Sunda. Tapi, teu samata-mata kolot nyebut kitu, saupama euweuh buktina. Dina émprona, da geuning basa Sunda téh beunghar. 
Ngan, ngabandungan jaman kiwari, téhnologi anu beuki arahéng, basa Sunda teu bisa nguntupan kecap-kecap nu asalna tina basa kosta, asing téa. Handphone, komputer, jeung nu séjénna, kapaksa urang nginjeum tina basa deungeun, da dina basa Sundana mah euweuh. Lamun geus kitu, naha basa Sunda masih bisa disebut beunghar? Jawabna: Beunghar. Beunghar ku banda meunang nginjeum. Adéan ku kuda beureum téa.. cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar