Jumat, 13 Juli 2012

Naon nu Kurang?

Maénbal. Olahraga nu sohor saalam dunya, kaasup Indonésia. Ti budak nepi ka kolot boga jago séwang-séwang atawa pamaén kameumeutna. Ti mimiti nu ngajaga gawang nepi ka penyerang, dalah nepi ka palatihna, réa nu hatam. Samalah dibanding ngaran pahlawan nasional, sigana apal kénéh pamaén cadangan FC Barcelona. Cindekna, mun ngawangkong maénbal di mana waé tempatna, moal béakeun bahan caritaan, siga ibu-ibu ngomongkeun tatanggana. 
Hayang nyaritakeun maénbal Indonesia, ngan asa pisééleun. Teu rék kitu kumaha, ti mimiti kuring inget aya olahraga éta nepi ka ayeuna umur tilupuluhan, maénbal di nagara urang mah asa euweuh kamajuan. rék nu kolot atawa budakna, matak jéngkél lalajona. Hanas ceuk batur keun baé éléh meunang biasa dina pertandingan mah, kuring mah teu kitu. Urang sebutkeun wé nu ngurusna teu barecus! Anggap wé lalaki di nagara urang téh 90 juta, maenya teu manggih sabelas hulueun wéh. Eta cenah nu ngalatihna kudu pantar Mourinho, na da tinggal daék teu korupsi, bayarkeun wéh ka manéhna. Da ieu mah ngadon dikeukeuweuk ku sorangan sagala rupana. Antukna pamaén mah CBSA, Cul Budak Sina Anteng. Engké ninggang di maén, lah, saayana wé, asal katempo miluan. Mun geus kitu, silitunjuk kana irung téh lain heureuy. "Sia da nu salah mah!" Ceuk saurang. "Puguh sia!!" Ceuk nu séjén. 
Kuring mah nu sakadar resep tur hayang nempo maénbal Indonesia, ukur bisa rumahuh. Padahal, naon nu kurang? Ceuk kuring mah, nu ngarurusna kurang saeundan!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar