Pamaréntah aya karep nanjeurkeun basa, sastra, budaya, jeung aksara Sunda. Keun, sanajan elat kabina-bina, tapi, nya, lumayan lah. Moal boa tujuan éta peraturan téh hayang ngaronjatkeun kacinta, kareueus, kana basa Sunda. Nu antukna, urang Sunda hususna, daék ngagunakeun basa Sunda dina rupaning pasamoan. Keun, da kudu alus tujuan mah.
Sanajan dina émprona éta peraturan téh teu jelas (keur kuring nu aya di tepiswiring), da teu burung atoh kuring gé basa ngadéngé bakal disosialisasikeun. Disebut teu jelas téh, dumeh nepi ka kiwari kumaha ketak pamaréntah dina nerapkeun sarta népakeun eusi peraturan ka guru (pikeun béjakeuneun ka barudak di sakola) atawa ka pihak séjén anu aya gantar kakaitan jeung usaha 'ngaronjatkeun' téa. Demi atohna, nya meureun kiwari mah jelas aturan undang-undangna basa Sunda téh, teu siga nyemah di imah sorangan teuing.
Kasieun mah tetep nyangkaruk. Sieun éta peraturan téh saukur pamaés,puraga tamba kadengda, atawa daripada disebut teu micinta Tatar Sunda. Balukarna (lamun éta kajadian), peraturan téh ngan saukur catur tan bukur, tamba bau sungut.
Hanas tujuanana hayang ngaronjatkeun, nya da ceuk tadi gé tujuan mah kudu 'idéal'. Tapi, urang ukur ku pangukur urang dina cumatur. Naha urang geus bener ngucapkeun/ nulis kecap jeung kalimah dina basa Sunda? Geus? Yu, urang ronjatkeun! Tapi mun acan, urang pancegan heula sing pageuh kacinta urang kana basa Sunda. Mun dadasarna geus kuat, sakumaha luhurna tangkal, bakal kuat nahan gedéna angin. Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar