Ti mimiti pilkadés, pilgub, nepi ka pilprés,
kiwari mah dilaksanakeun kalawan langsung. Nya, dipilih langsung ku rahayat.
Éta amanah UUD 1945, cenah. Triliyunan
waragad diancokeun pikeun hajat rongkah rahayat. Naon tujuanana? Sangkan
démokratis. Sangkan ais pangampih papayung nagara téh bener-bener meunang milih
rahayat, lain meunang milih wawakil rahayat nu sabenerna teu jadi wawakil.
Atuh dina émprona, hajat rongkah téh
bener-bener luut-léét késang, sahenteuna pikeun ‘tim suksés’, sangkan calon nu
dijagokeunana unggul. Mun unggul, kapanan gampang hayang ieu-itu téh…. Atuh
pikeun nu kawon, mun kersa narima nya tarimakeun, mun henteu jug indit ka MK.
Tungtungna, saban pemilihan téh milih
pamingpin. Pamingpin pilihan rahayat? Can tangtu. Ngan lamun pamingpin sabab
unggul dina pemilihan, nya. Naha bet kitu? Lah, da loba bukti pamingpin téh
unggul sabab aya ‘taeunna’. Naon wé taeunna mah, duit, kakawasaan, atawa nu
séjénna. Jadi, kumaha sakuduna milih pamingpin? Mun geus meunang, urang salaku
rahayat kudu kumaha?
Ulah jadi padungdengan nu panjang. Urang anggap
solat téh hiji sistem sarta tujuan dina hiji nagara. Tujuan nagara nu mihak ka
rahayat tangtuna. Tujuan anu ditarima ku sakabéhna, da dina aya bédana teu
ngarobah ésénsi dina tujuan téa. Dina ngahontalna, maenya euweuh nu mingpin.
Tah, dina solat milih imam téh nu hatam tajwid, makhorijulhuruf, jeung
sarat séjénna nu payus dipiboga imam. Saacan prung solat, adan jeung komat
ngélingan sakur rahayat sangkan inget kana tujuan. Komo komat mah, ngajak
sangkan migawé tujuan. Kudu sarua pangkatna, ulah abong kéna gegeden, digawéna
kuma déwék. Da mun pajabat telat datang di masigit, wayahna di baris tukang,
tong hayang seseledek ka baris hareup. Alusna mah dina hukum ogé kitu, teu
ngabéda-béda dumasar pangkat atawa golongan.
Dina prungna, ma’mum ku baris sing rapih,
hartina sing saregep, sabaris atawa satujuan. Satujuan ngawujudkeun tujuan.
Salila imam mingpin, ma’mum teu kudu protés. Salila alus mingpinna, imam teu
kudu digugat. Tah, lamum imam salah maca, ma’mum kudu ngélingan. Carana ku
cara-cara nu alus, teu kudu heuras genggerong. Mun geus dibéjaan, imam kudu
ngarti. Aya nu salah di diri manéhna sarta kudu dibenerkeun. Lamun nu ngabéjaan
jeung nu dibéjaan papada ngarti kana carana, deuh, tingtrim. Tujuan bakal
kahontal.
Ma’mum nuturkeun nu dipigawé ku imam. Éta
hartina pamingpin téh ulah sakadar ngomong. Kuduna mah bari prung migawé
babarengan. Atuh si ma’mum kudu milu, ulah sangeunahna, imam ruku der ma’mum
sosoranganan tahiyat ahir. Imam jeung ma’mum migawéna bareng, idéalna
kitu.
Nepi ka awéhsalam, imam jeung ma’mum
babarengan. Hartina, kahontalna tujuan lain gawé si A, meunang si B, tapi
rampak gawé sakabéhna. Teu kudu hayang kasebut éta téh jasa kuring, aing,
déwék, atawa sayah. Da lain kitu dina solat mah. Sugan aya ma’mum leuwih
tiheula bérés manéhna agul? Nu aya ditakol hulu.
Kumaha mun telat datang, aya sababaraha rokaat
tinggaleun? Wayahna, da ieu téh gawé babarengan, nu telat datang kudu sarua
capéna, sarua gawéna, sarua agulna. Lah, loba kénéh élmu démokrasi tina solat
berjamaah téh. Sakitu ogé biheung dilaksanakeun. Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar