====WARUNG====
Palaku:
1.
Ujang,
tukang warung, 40 taun.
2.
UCOK,
supir angkot urang Batak, 40 taun.
3.
Nini
Casnem, pikun, umur 70 taun
4.
Jaja,
kenék angkot, umur 20 taun
5.
Uca,
Préman pasar. 40 taun
6.
Pulisi,
35 taun
MUSIK
BUBUKA
SÉTTING WARUNG, AYA BARANG JUALAN KAYANING KOPI, SAMPO, JEUNG
SAJABANA. KORSI KEUR NU DIUK DI HAREUP WARUNG. UJANG KEUR MÉRÉSAN DAGANGANANA
BARI HAHARIRINGAN LAGU POP KIWARI. KEUR KITU TOROJOL UCOK JEUNG JAJA
UCOK : Cik, kopi mah ségélas.
Haus ieu déwék..(TULUY
DIUK)
UJANG : Siap! Nu
biasa kopina?
JAJA : Nu biasa, caina dipisah.. Uing gé
sarua kang! (KA UCOK) Poé ieu
mah penumpang téh
sepi, Bang!
UJANG NINYUH KOPI.
UCOK : (BARI NGAGEBERAN BEUNGEUTNA)
Heueuh, aéh,
kemarin juga sarua. Ayeuna mah resep kana motor jelema téh.
Lila-lila mah bangkrut kuring mah. Éwéh
setoran…
JAJA : euweuh, Bang, lain éwéh…
UCOK : hééh éta
maksudna mah. Silaing kudu ngarti atuh…
UJANG : (BARI
NYUGUHKEUN CIKOPI) kadé
bang, nyarita ku basa Sunda mah salah saeutik béda harti…rujak
bebek jauh hartina jeung rujak bébék…
UCOK : hééh nyéta,
padahal geus sapuluh taun déwék di dieu, tapi
kékéh hésé…
JAJA : keukeuh meureun, bang.. Aéh, aya goréng taleus
geuning (BARI NYOKOT) Tapi sok tuluy gégétrét, arateul
mun ngadahar taleus téh
kuring mah…
UJANG : moal, geus
dikumbah heula saacan digoréng ogé….dijamin
bersih! Moal matak gagaro..
UCOK : sabénérna
salah kitu téh,
kang. Lamun talés
hayang teu atél, kuduna
saacan digoréng téh
talésna
digaroan heula. Jadi mun urang ngadahar, teu kudu gagaro deui.
UJANG : euh, sugan téh
bener. Hanas didéngékeun.
SABOT KITU TOROJOL NINI CASNEM KUNDANG ITEUK.
NINI : Meuli,
Sujang. (BARI NGASONGKEUN DUIT)
UJANG : mésér
naon, Ni?
NINI : Rinso.
UCOK : buat apah, nini masih nyéséh ku
sorangan?
JAJA : Nini téh
teu gaduh incu?
NINI : geus teu
jualan kuéh putu
ayeuna mah, geus teu kuat..
JAJA :
incu…nini…incu…
NINI : komo
cuhcur mah, poho kumaha nyieunna..
JAJA : euhhhh,
saliwang deuih nini-nini téh…
NINI : Tah, mun
ciwang mah bisa kénéh
nyieunna…mana sujang rinso téh?
UJANG : Ieu.
(TARIK)Keur naon rinso nini?
NINI : rék
ngamandian ucing puguh gé…
UCOK : ngamandian ucing? Nu bénér si
nini mah, maénya
ucing dimandian maké
rinso..
UJANG : (TARIK)
nini, maenya ngamandian ucing ku rinso, paéh kéh…
NINI : moal,
sujang. Incu nini gé
henteu geuning….
NINI CASNEM KALUAR.
UCOK : Aya-aya waé
nini-nini téh….
SABOT KITU TOROJOL UCA, GURUNGGUSUH. TULUY NYUMPUT DI JERO WARUNG.
NU TILUAN AROLOHOK.
UCA : Mun aya nu
néangan,
tong dibéjakeun
nyumput di dieu nya. Mun aya nu wani, didodét ku aing…
ASUP PULISI NU SARUA GURUNGGUSUH. BAJUNA BASEUH.
PULISI : Nempo
lalaki nu ditato kembang ngaliwat ka dieu?
JAJA :
(REUWAS)S..ss..s.saurna tong diwartoskeun nyumput di dinya (BARI NUNJUK KA
TEMPAT UCA NYUMPUT)
PULISI : Héh,
Uca. Kaluar siah!!!
UCA KALUAR. TULUY DIBORGOL.
UCA : (KA JAJA)
Belegug manéh
mah, ceuk aing tong dibéjakeun!
UCOK : Aya naon ieu
téh,
Pa?
PULISI : Puguh gé
boga salah ieu jelema, ngiihan kuring.
UCOK : hah?
Mengencingi bapa? Kumaha caritana éta téh?
PULISI : Sok siah,
Uca, caritakeun….
UCA : Maap,
pa..tatadi gé maap,
teu kahaja. Sugan téh
tukangeun tangkal téh
teu aya pa pulisi, wér wé
kuring téh
kiih…
PULISI : naha atuh
lain tumpa-tempo heula?
UCA : tos teu
kiat, pa.
UJANG : teu di wc
umum atuh, kang?
UCA : mayar dua
rébu,
aing ngan boga sarébu.
Moal bisa kaluar ti wc aing mayar sarébu mah.
PULISI : geus siah,
hayu milu ka kantor!
UCA : ulah, pa.
sing hawatos. Kumaha pun bojo sareng pun anak, moal tiasa tuang atuh..
PULISI : ah, siah,
alesan!
UCA : muhun, pa.
Mangkaning abdi mah neda téh kedah tujuh kali sadinten. Bapa
sanggup masihan tuang ka abdi sakitu?
JAJA : Ahli
leleb sugan…
UCOK : naon ahli leleb téh?
JAJA : ahli
lelebok!!
PULISI NGALEUPASKEUN BORGOL.
PULISI : Teu sanggup
aing mah. Kieu wé,
teu nanaon manéh
teu milu, ngan barang buktina ku kuring disita..
UCA : Naonna,
Pa?
PULISI : Barang bukti!
Nu dipaké
kiih ku manéh!
UCA : Aduh,
pa…ulaaaah… sawios abdi ngiring ka bapa wé, neda mah wios
dua kali sadinten wé,
tibatan barang buktina disita ku pulisi mah…
PULISI : Nya hayu
atuh….
PULISI JEUNG UCA KALUAR.
JAJA : Aya-aya wé poé ieu
kajadian téh….
NINI CASNEM NGALIWAT.
UJANG : (TARIK)
Nini, kumaha bérés
ngamandian ucing téh?
NINI : Paéh
ucingna, Sujang!!
UJANG : Tuh, pan,
ceuk uing gé paéh
dimandian maké
rinso mah!!
NINI : Lain pédah éta,
da basa dimandian mah teu nanaon…
UJANG : Ari kitu?
NINI : paéhna
mah pédah
sanggeus dimandian téh,
ku nini dipeureut, rék
dipoékeun!
UJANG : Pantes wé….
NINI CASNEM KALUAR.
JAJA : Wah,
bener-bener geus pikun nini-nini téh. Aéh,
bang, hayu ah, urang dines deui..
UCOK : hééh hayu, bisi
kaburu gélo déwék di
dieu mah. (KA UJANG) Kang, nganjuk deui nya…
UJANG : Euh, aing
mah. Moal maju-maju usaha téh dianjukan waé
mah..
MUSIK PANUTUP.
====RÉNGSÉ====
Tidak ada komentar:
Posting Komentar