Dewi Setiawati (Gandawati/ Durgandini) téh saurang putri ti
karajaan Wirata. Rupana mah geulis, ngan hanjakal Dewi Setiawati téh boga
salira nu bau hangru. Indung bapana sakedah polah neangan cara sangkan bauna
leungit. Tapi weléh teu hasil. Pangeusi karajaan ogé geus teu walakaya, ku
bauna utamana. Sok jadi omong saupama dayang-dayang keur ngarumpul di tukang.
Tina rea omong téa, ahirna Dewi Setiawati angkat ngantunkeun karajaan. Niatna
gilig, hayang nelasan pati. Anjog ka hiji leuweung, sato nu araya téh ngadon
nyaringkah, teu daekeun ngahakan.
Ahirna Dewi Setiawati nepi di hiji guha, niatna seja tatapa, mundut
ka nu maha kawasa nyawana dibawa. Tapi weléh teu aya hasil. Dina hiji poé,
datang hiji bagawan anu jenenganna Parasara. Tapa bagawan téh kaganggu ku seungitna
Dewi Setiawati. Setiawati ngarasa anéh
ku caritaan sang bagawan nu nyebutkeun yén awakna téh seungit, tapi bagawan
keukeuh kana aangseuanana. Ahirna Dewi Setiawati nikah ka Parasara sarta gaduh
putra ngaranna Abiasa. Abiasa nurun ka duanana, awakna bau jeung rupana teu
matut. Bagawan Parasara neruskeun deui lalampahanana dibarengan Abiasa. Teu
poho Dewi Setiawati dipirak heula.
Kacaritakeun di karajaan Astina, Prabu Santanu kakara ditinggalkeun
ku praméswarina. Nu jadi alatan, sabab Santanu ngalarang Déwi Gangga,
pamajikanana, malidkeun orok nu kakara dilahirkeun. Sedengkeun dina perjanjian,
naon waé nu dilakukeun Gangga ka anakna, Santanu teu meunang turut campur. Anakna,
Bisma, sarua ngarasa sedihna. Pikeun nyinglarkeun kasedihna, Santanu indit
moro. Dina hiji poé, Santanu kajongjonan morona anu ahirna kalangsu teuing ka
mana. Santanu terus aprak-aprakan neangan jalan mulang. Tapi teu manggih waé.
Waktu manjing ka soré, Santanu nepi di hiji saung palinggihan Setiawati. Ngarasa
kapincut, Santanu niat hayang kawin ka Setiawati. Setiawati sanggup kalawan méré
sarat, nu neruskeun tahta Astina kudu turunan manéhna.
Santanu bébéja ka Bisma, jawab Bisma mangga téh teuing. Samalah Bisma
nepi ka ragrag sumpah moal kawin saumur-umur. Sanggeus kitu mah, prak Santanu
kawin ka Setiawati.
Teu lila ti harita, Setiawati ngalahirkeun Citranggada jeung Citraséna/Wicitrawirya.
Citranggada jeneng raja Astina sanggeus rumaja. Ngan, saacan boga pamajikan,
manéhna kaburu maot. Wicitrawirya mah, nu neruskeun tahta, kungsi boga
pamajikan, Ambika jeung Ambalika, ngan hanjakal can kungsi boga turunan.
Setiawati bingung nu teu manggih tungtung, kumaha carana sangkan tahta Astina
manjang pikeun turunan manéhna. Antukna, Setiawati nitah Abiasa sangkan datang
ka Astina. Ambika jeung Ambalika téh ahirna ditikahkeun ka Abiasa.
Ambika jeung Ambalika pohara reuwasna barang nempo Abiasa, rupa teu
parok jeung batur sarta bau awakna teu katulungan. Ngan, ku sabab pikeun
nulungan Wicitrawirya sangkan teu marakayangan, duanana daék. Ngan, waktu
sabadan jeung Abiasa, Ambika mah peureum, mun Ambalika mah pias awahing reuwas.
Singhoréng polah kitu téh mangaruhan ka orok nu dikandungna. Ambika kakandungan
Déstarata nu lolong, Ambalika kakandungan Pandu Déwanata nu sepa. Disebutkeun yén
aya budak nu katilu ti Abiasa, ngan lain ti Ambika jeung Ambalika, tapi ti
dayang karajaan, ngaranna Yamawidura.
Tahta karajaan dipasrahkeun ka Pandu, sabab Déstarata mah lolong. Minangka
pangapingna, Abiasa teu meunang waka balik deui ka patapaanana.
Kacaritakeun Pandu resep pisan moro, kalangenan umumna tokoh
wayang. Demi morona, sok dibaturan ku Sucitra, sobatna. Ka mamana teu weléh
bareng. Tapi, dina hiji poé mah sato boroan téh teu témbong, euweuh
sorana-sorana acan. Pandu keukeuh poé éta kudu meunang, sedengkeun Sucitra boga
rasa séjén sarta ngajak balik ka Pandu. Meujeuhna belekesenteng tuda, Pandu
keukeuh kana kahayangna. Di tengah leuweung, Pandu nempo kidang keur sapatemon.
Teu antaparah, éta kidang téh dipanah ku Pandu. Ana disampeurkeun, singhoréng éta
téh resi Kumindana nu keur nyamur. Dina sakaratna, resi nyupata ka Pandu, yén
Pandu moal bisa ngarasakeun hubungan jeung pamajikanana. Mun dilakukeun, Pandu
bakal tiwas.
Salian jeung Pandu, Sucitra ogé nyobat jeung Bambang Kombayana. Bambang
Kombayana boga salah nyebut ngaran babaturanana ku ngaran waktu rumaja, sedeng
Sucitra harita geus jadi raja Pancala sarta ngaranna jadi Drupada. Akibatna,
Kombayana disiksa bébéakan ku patih Gandamanah nepi ka jebléh jeung péngkor.
Pandu saterusna kawin ka Déwi Kunti
Nalibarata sanggeus meunang saémbara di Mandura. Samalah manéhna meunang hadiah
tambahan, nya éta Déwi Madrim, sanggeus ngéléhkeun Adipati Salya, lanceuk
Madrim. Di tengah jalan ogé meunagkeun hiji putri deui nu ngaranna Déwi Gandari
ti Plasajenar, sanggeus ngéléhkeun lanceukan nya éta Gandara.
Saacan kawin jeung Pandu, Kunti Nalibrata kungsi boga salah, mecak
ajian nyalukan déwa, barang disampeurkeun ku batara Surya, Kunti nitah balik
deui ka Surya. Ku sabab geus dicalukan tapi teu ménta nanaon, Kunti ahirna dibéré
orok. Kunti nu masih rumaja sarta embung boga budak, néangan cara sangkan éta
budak lahir tapi manéhna tetep parawan. Ahirna, batara Surya ngaluarkeun éta
budak ngaliwatan….ceuli, sarta éta budak téh dingaranan Karna. Karna téh nyecplés
pisan jeung Arjuna, teu dipiceun sasieur.
Nepi ka Astina, Pandu kacida reuwasna sanggeus engeuh yén manéhna téh
boga lanceuk nya éta Déstarata nu can kawin. Ku siasat Bisma, Kunti jeung
Madrim disaur sarta teu meunang dangdan poé isukna. Béda ka Gandari mah, mani
dititah dangdan bébéakan. Isukna, nu tiluan téh digeroan. Gandari kacida
reuwasna barang nempo Kunti jeung Madrim mah teu matut dangdananana. Ti harita
manéhna ngarasa ditipu. Da bener, waktu Déstarata dititah milih
pipamajikaneunana, Déstarata milih Gandari. Minangka tanda satia ka Déstarata,
Gandari nutupan panonna ku lawon hideung, sarta nyidem rasa ceuceub ka Pandu
sarta engké turunanana. Pandu kawin ka Kunti jeung Madrim, Déstarata ka Gandari.
Pandu apal yén manéhna moal bisa hubungan jeung pamajikanana, atuh
béh dituna moal bisa boga turunan. Pandu menekung ngadu’a sangkan dibéré
turunan. Ahirna, batara Darma, Bayu, Indra, jeung Aswin ngaping calon turunan
Pandu.
Waktu Bima lahir masih dibungkus ku lamad nu teu bisa soék ku
pakarang nu aya di Astina. Soékna lamad nu mungkus Bima nya éta ku gajah Séna
nu harita ngamuk di nagara Astina.
Barudak burey kénéh, Pandu nyobaan sabadan jeung Madrim. Jeung enyaan,
Pandu tiwas saenggeusna. Dina kapercayaan, salaki nu maot kudu dituturkeun ku
pamajikanana. Déwi Madrim nu sadia labuh geni, sarta saacanna nitipkeun
budakna, Nakula jeung Sadéwa, ka Kunti Nalibrata.
Déwi Gandari gé kakandungan. Ngan, aya kaahéngan, nu lahir téh lain
orok, tapi gumpalan getih. Pangeusi Astina kabéh ogé reuwas. Setiawati
ngageroan Abiasa deui, néangan cara sangkan ieu gumpalan puguh tungtungna. Abiasa
laju indit ti patapaanana bari mawa cai. Sanggeus nepi Astina, éta cai téh
dikucurkeun kana gumpalan téa. Ujug-ujug éta gumpalan téh papisah, jadi saratus
gumpalan, sarta ahirna jadi orok nu kumna disebut Kurawa. Nu panggedéna katelah
Duryodana/ Suyudana.
Sanggeus Pandu tilar, karajaan dititipkeun ka Déstarata sarta
wasiat mun Pandawa geus cukup umur, tahta Astina kudu dipasrahkeun deui ka
Pandawa.
Hanjakal éta wasiat téh ukur carita, da dina buktina mah karajaan téh
teu dipasrahkeun deui, komo nalika Aria Sangkuni -adi Gandari- jeneng patih
Astina mah, kaceuceub ka Pandawa Lima téh beuki pohara. Ti budak kénéh Kurawa
mah geus teu resep ka Pandawa alatan omongan Gandari jeung Sangkuni. Siga dina
hiji poé, nalika Yudistira, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa arulin dina dahan
tangkal, dieundeuk-eundeuk ku Kurawa nepi ka rék lalabuh. Untung aya Bima nu mémang
jadi pananggeuhan Pandawa, langsung diburak-barik Kurawa téh. Ku Bima mah,
sanajan saurang, Kurawa téh manggapulia.
Hiji poé Pandawa diajak ka walungan Gangga, kalawan Suyudana geus
nyiapkeun siasat nelasan Bima. Da sapanjang Pandawa aya Bimana, Kurawa moal
bisa kukumaha. Bima mah dipisahkeun ti dulur-dulurna, tuluy dibéré dahareun nu
geus diracun. Bima nu teu curiga langsung ngadahar éta kadaharan. Nyaan, harita
kénéh Bima ngajoprak kapiuhan. Ku Kurawa Bima dibakutet sarta dipalidkeun ka
walungan. Nepi di tengah laut, kacaritakeun aya oray nu macok Bima. Peurah jeung
racun paadu, ahirna jadi ubar pikeun Bima. Koréjat Bima hudang, barang nyampa
beuheungna, aya oray meulit. Dileupaskeun ku teu bisa, dibetot kalahka
mageuhan, antukna diantepkeun meulit dina beuheung Bima.
Poé séjén Pandawa maénbal jeung Kurawa. Mémang ti anggalna licik,
Kurawa hayoh jadi sasaran amukan Bima. Ngan aya Bisma nu nenangkeun Bima.
Kurawa teu beunang, Bima ngalampiaskeun amarahna ku najong bola satakerna. Atuh
éta bola téh ngawang-ngawang nepi ka tengah-tengah leuweung. Ku Kurawa Bima
disurakan, nitah mawa bola téa. Bima nyanggupan sarta langsung indit ka
leuweung dituturkeun ku Pandawa séjén jeung Kurawa. Singhoréng éta bola téh
asup ka hiji sumur nu jero. Mustahil kabawa deui, kitu ceuk nu nempo. Keur kitu,
torojol aki-aki jebléh sarta cingked, nanyakeun aya naon. Arjuna nunjuk kana
bola téa. Si aki tuluy nitah néangan domdoman. Beretek Pandawa mah paburu-buru
néangan domdoman, ngan Kurawa nu kalahka nyeungseurikeun.
Sanggeus meunang
sakeupeul séwang, Pandawa balik deui. Bari bingung, Pandawa masrahkeun domdoman
ka si aki. Si aki laju ngalungkeun domdoman hiji-hiji domdoman ka jero sumur. Singhoréng
éta domdoman téh silitumbu, ahirna bola téh bisa kabawa ka luhur. Ti harita
Pandawa sarta Kurawa hayang diajar ku éta aki-aki. Saterusna, éta aki-aki téh
ditempatkeun di Jajar Sokalima, sarta kasohor ngaranna: Resi Dorna nu keur
ngorana boga ngaran Bambang Kombayana.
Dorna saterusna jadi guru Pandawa jeung Kurawa. Abong daria,
Pandawa mah teu lila ogé bisa ngawasa sakur élmu nu diwurukkeun. Samalah ka
Arjuna mah élmu Dorna téh tumplek pisan. Béda jeung Kurawa nu satengah-satengah
dina diajarna.
Pandawa hiji waktu dititah indit ka Waranawata pikeun nyuluran
Astina dina pakumpulan pararaja jeung sakalian pamujaan. Teu sapoé dua poé, di
Waranawata téh aya samingguna. Saacan indit Bima diamanatan, mun manggih sato
bodas, kudu nurutan kalakuanana. Bari bingung, Bima indit dibarengan dulur-dulurna
sarta Kunti Nalibrata. Poé kahiji mah euweuh nanaon iwal kagiatan biasa, ngan
poé saterusna Bima nempo sato bodas nu nyieun liang. Teu diengkékeun, Bima laju
nurutan kalakuanana. Bubuhan jalma nu tanagana rosa, dina waktu sakeudeung ogé
Bima geus tutas nyieun liang nu kaluarna di hiji leuweung.
Poé isukna, aya nu jajaluk ka tempat Pandawa cicing, lima urang
lalaki jeung hiji awéwé. Ku Kunti disina dahar da katempo lalapareun. Mani ngalimed
daharna, nepi ka nu jajaluk téh kasaréan di éta imah. Sabot nu jajaluk sasaré
tibra, imah téh aya nu ngahuru. Pandawa jeung Kunti teu talangké deui langsung
asup kana liang nu dijieun ku Bima saacanna. Atuh nu jajaluk téh teu
katulungan, milu kahuru. Langsung éar harita téh, pajar kapanggih genep urang tulang-taléng
jelema. Éta béja téh nepi ka Astina. Para Kurawa pohara atohna.
Kacaritakeun Pandawa nepi di leuweung tempat kaluar tina liang téa.
Bima ambek-ambekan hayang maéhan Kurawa. Ngan dilelerkeun amarahna ku indungna.
Taya nu mireungeuh, tina rungkun téh aya nu merhatikeun. Hiji buta awéwéna,
ngaranna Hidimbi. Hidimbi (Arimbi) téh anak raja buta ti nagara Pringgandani. Éta
Hidimbi téh dititah ku lanceukna, Hidimba (Arimba) néangan jelema pikeun
kadahareunana. Ngan, ti tatadi Hidimbi téh teu leupas melong ka Bima. Aya rasa
nu béda, aya rasa cinta. Na atuh duka kumaha, ujug-ujug Hidimbi téh ditarik
kaluar tina rungkun ku Bima. Bima nalék naon maksud Hidimbi nyérangkeun maranéhanana.
Barabat Hidimbi nyaritakeun caritana, nepi ka manéhna teu daék néwak Pandawa
sabab ngarasa bogoh ka Bima. Tangtu ku Bima ditampik sapajodogan, magar téh maenya
jelema kawin jeung buta. Ngadéngé kitu Hidimbi pohara sedihna. Bogohna nogéncang.
Kunti terus nyampeurkeun sarta ngucap yén sabenerna Hidimbi téh geulis. Na atuh
sanggeus Kunti nyarita kitu, dadak sakala Hidimbi jadi bener-bener geulis, nepi
ka Bima ogé robah pamikiranana.
Lalampahan Pandawa téh nepi di nagara Pancala nu rajana Drupada. Harita
di éta karajaan keur diayakeun saémbara meunangkeun putri raja, nya éta
Drupadi. Demi saémbarana téh nya éta ngangkat gondéwa jeung ngabelesatkeun
jamparing. Taya nu bisa, ahirna Arjuna maju ka médan laga. Éta gondéwa nu
sakitu gedéna kaangkat sarta jamparingna ngabelesat muru sasaran. Ku sabab
harita Pandawa maké baju brahmana, sakur nu aya teu narima kana hasil yén
Arjuna meunang. Atuh harita téh paséa. Kresna (Bambang Arayana/ nu katitisan
déwa Wisnu) apal saha nu sabenerna maké pakéan brahmana téh. Sanggeus kaributan
bérés, Yudistira nu ahirna jadi salaki Drupadi.
Pandawa mutuskeun mulang deui ka Astina, anu maksudna taya lian ménta
hakna nya éta karajaan Astina. Weléh, Astina teu dibikeun ku Kurawa, samalah
Pandawa dibéré tempat di Alas Amer nu dikawasa ku Bandung Bandawasa, rajaning
siluman. Bima ujug-ujug nyanggupan ngababad Alas Amer. Samalah tarungna Bima
ngalawan bandung Bandawasa nepi ka mimingguan, tug nepi ka tangkal nu aya di
éta leuweung rarungkad alatan katajong, kateunggeul, sarta kabadug ku nu keur
tarung. Sanggeus Bandung Bandawasa kawon, samalah nitis ka Bima, Pandawa nyieun
karaton di tengah leuweung. Nu kapapancénan ngarancang karaton nya éta Kresna. Kresna
apal yén karaton nu pangalusna mah karaton batara Indra atawa Kaindran. Kresna boga
ideu sangkan karaton Amarta téh sarupa jeung karaton Indra. Sanggeus janggélék,
éta karaton téh dingaranan Indraprasta.
Loba rahayat Astina nu pindah ka Amarta, sabab rajana, Yudistira,
raja nu adil tur wijaksana. Amarta ngayakeun hajat minangka rasa sukur dibéré
kani’matan. Sakur raja nu ngadéngé béja aya nagara Amarta, datang hayang
nyacapkeun panasaran, magar aya karaton Indra di alam dunya. Para Kurawa ogé
datang, samalah harita Duryodana meunang wiwirang, tigejebur kana balong di
jero karaton. Ku sabab wirang, Kurawa mah mulang tiheula sanajan hajat can
bérés.
Minangka hayang males kawirang, Kurawa ngondang Pandawa pikeun
salametan di Astina. Sangkuni, Dorna, Duryodana sabalad-balad geus boga
rarancang kumaha ngancurkeun Pandawa. Awalna mah biasa, dahar balakécrakan,
sempal-guyon jeung sajabana. Wanci geus rada peuting, Pandawa amitan rék mulang
deui ka Amarta. Orokaya, ditahan ku Sangkuni. Ceuk Sangkuni, kumaha mun maén
dadu sakeudeung. Yudistira nu mémang resep maén dadu ngahayukeun.
Awalna mah Yudistira meunang waé, nu ahirna Yudistira poho yén manéhna
geus aya di jero siasat Sangkuni. Ku sabab éléh waé, Sangkuni ngajukeun kumaha
mun maké taruhan. Yudistira nyanggupan, da tatadi manéhna meunang waé. Mimitina
mah duitan, lila-lila kana pakarang. Sanggeus maké taruhan mah Yudistira kawon
waé. Pakéan nu dipaké ku Yudistira geus pindah ka Sangkuni, antukna Yudistira
narohkeun pamajikan jeung karajaan Amarta. Yudistira kawon, pamajikan,
karajaan, samalah dulur-dulurna geus jadi milik Kurawa.
Harita Drupadi meunang wiwirang, sanggulna dibuka paksa ku
Dursasana. Nepi ka Drupadi ragrag sumpah moal digelung deui saacan diangir ku
getih Dursasana. Samalah Bima milu nyupata, hayang ngabébékkeun sungut Sangkuni
nu nyaritana matak nyentug. Sanggeus buuk Drupadi ngarumbay, Dursasana metot
sinjang nu dipaké ku Drupadi. Tapi ku ajian Kresna nu harita ogé hadir, sinjang
téh teu béak-béak, nepi ka Dursasana ngarasa leuleus.
Déstarata ahirna nengahan, lamun Pandawa hayang ngapimilik deui
Amarta, kudu leuleuweungan salila 12 taun sarta nyamur salila sataun. Mun kapanggih
ku pihak Kurawa dina mangsa hukuman, éta hukuman téh kudu dibalikan deui. Dipigawé
sok, henteu mah lapur. Kurawa mah langsung satuju, da moal mungkin Pandawa
sanggup leuleuweungan jeung nyamur. Kurawa geus boga rencana nyebarkeun juru
talungtik ka madhabpapat. Pandawa ogé ahirna satuju ka éta sarat. Bral Pandawa
miang, dijajap kasedih Kresna, ogé Bisma.
Kurawa langsung nyiapkeun juru talungtik pikeun ngagagalkeun
rencana Pandawa. Tiap leuweung, pakampungan, nepi ka kota teu leupas tina
panalinga Kurawa.
Nyeri peurih geus kaparedih, lara wirang geus kasorang, halangan harungan
dirandapan kalawan kasabaran. Singget carita Pandawa bérés leuleuweungan. Tinggal
sataun deui, nyamur atawa nyamar bari teu meunang katohyan pihak Kurawa.
Ka karajaan Wirata datang genep urang nu ngalamar pagawéan: Malini,
Wijakangka, Jagalbilawa, Margana, Pinten, jeung Tangsen. Genepanana ogé
ditarima, Malini purah bunta-bantu di karajaan, Wijakangka jadi penaséhat,
Jagalbilawa jadi tukang puncat-peuncit sasatoan mun Wirata keur hajat, Margana
purah ngajar tari, Pinten jeung Tangsen mah ngurus sasatoan. Genepanana digawé
sakumaha mistina pagawé, saeutik ogé taya nu némbongkeun yén maranéhanana téh
satria. Nepi ka hiji poé, patih Wirata nya éta Kecaka, katarik ku kageulisan
Malini. Nalika Kecaka nepikeun eusi haténa, teu sadar Malini nyarita yén
manéhna boga salaki buta sarta cicing di hiji leuweung. Tapi Kecaka tetep kana
pamadeganana, cenah, lamun perlu salakina ditelasan sangkan Kecaka ngajadi ka
Malini.
Kahayang Kecaka téh ditepikeun ku Malini ka Jagalbilawa. Ceuk Bilawa,
sina datang Kecaka téh minggu hareup ka leuweung nu dituduhkeun ku Malini wanci
maju ka peuting. Sanggeus ngadéngé omongan Malini, Kecaka nyanggupan semu bungah.
Kacaritakeun di leuweung, Kecaka datang nyorangan. Bener wé, di éta
leuweung téh ngabedega kalangkang buta nu sabenerna Bilawa. Teu cumarita
panjang, duanana tarung padungdung. Silikaluarkeun pangabisa, ajian, sarta
pakarang. Abong kéna kasipuh ku pangaweruh ampuh, teu lila Kecaka tiwas ku
Jagalbilawa.
Béja yén Kecaka tiwas jadi omongan balaréa, kawantu Kecaka téh
patih sakti mandraguna. Raja Wirata laju nanya ka nu genepan, nu kabeneran poé
harita téh poé panungtungan nyamur. Yudistira ngadadarkeun nyamurna di Wirata
salila ieu. Teu poho alesan Pandawa katut Drupadi leuleuweungan sarta nyamur. Raja
Wirata pohara sedihna, turunan anjeunna kudu ngalaman kapeurih nu pohara.
Tutas nyamur, Pandawa mulang deui ka Astina, nyokot hakna. Tapi Kurawa
angger kana kahayangna, teu mikeun Astina. Antukna, perang sadudulur teu bisa
disingkahan deui.
Kurawa jeung Pandawa pepek balad, ngumpulkeun prajurit, pakarang
jeung sajabana pikeun nyanghareupan Baratayuda. Perang turunan Kuru nu
lumangsung di tegal Kurusétra salila 18 poé.
Ti pihak Pandawa, ngajajar parasatria nu buméla ka turunan Pandu:
Drupada, Wirata, Srikandi, Setyaki, Kresna minangka ahli taktik perangna, jeung
nu séjénna. Ti pihak Kurawa kasohor satria nu tangguh: Aria Bisma, Dipati
Karna, Resi Dorna jeung anakna Aswatama, Sangkuni, jeung réa-réa deui.
Dua pihak maju kalayan pakarang nu pepek. Divisi pasukan Kurawa jeung
divisi pasukan Pandawa silih tumpes. Bisma maju narajang para satria Pandawa
sarta ngabinasakeun naon waé anu ngahalangan jalanana. Usaha para satria
Pandawa di poé kahiji henteu hasil. Maranéhanana nampa éléh.
Poé kadua, Arjuna maju nyanghareupan Bisma. Tapi, pasukan Kurawa
nguriling sabudeureun Bisma. Akibatna, loba pasukan Kurawa nu tumpur ku Arjuna.
Poé kadua, pihak Kurawa nu kawon. Poé katilu, Abimanyu maju pikeun numpurkeun
pasukan Kurawa. Bima jeung Gatotkaca narajang Duryodana. Duryodana bisa
nyingkahan Bima jeung Gatotkaca.
Poé saterusna, komo poé kagenep, tegal Kurusétra jadi sagara getih,
sabab loba pisan pasukan ti dua pihak nu tumpur. Resi Dorna ngamuk sarta
nelasan rébuan pasukan Pandawa. Poé kadalapan, Bambang Irawan, anakna Arjuna,
perlaya ku Kurawa. Poé harita kénéh, Bima nelasan dalapan urang anak Déstarata.
Poé kasalapan, Kresna ambek sabab Arjuna teu daék ngalawan Bisma. Bubuhan
ka kolot sorangan. Tapi, Kresna nandeskeun yén mun Arjuna teu ngalawan, manéhna
jeung pasukan Pandawa umumna bakal pinanggih jeung tunggara. Geus jadi sabiwir
hiji, mustahil ngéléhkeun Bisma mah, satria nu sakitu kuatna. Arjuna boga
rencana, nempatkeun Srikandi di hareup, Arjuna di tukangeunana. Bongan Bisma
jangji baheula moal kungsi kawin, komo maéhan awéwé mah. Éta taktik téh suksés
dilaksanakeun. Barang Bisma nempo Srikandi nu aya dina karéta, manéhna teu wani
narajang. Sabot balangah, Arjuna ngahujanan Bisma ku ratusan panah. Ratusan
panah dina awak Bisma mebes nepi ka nembus awakna. Sang satria agung tiguling
tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh alatan katahan ku panah anu
mebes kana awakna. Pandawa jeung Kurawa ngeureunkeun peperangan sajongjongan
tuluy ngalingkung Resi Bisma. Bisma nitah Arjuna pikeun nancebkeun panah dina handapeun
sirahna minangka bantal. Sanajan geus teu walakaya, Bisma sanggup hirup salila
sawatara poé sarta nyaksian kaancuran pasukan Kurawa.
Sanggeus Bisma teu walakaya, Kurawa nitah Karna sangkan maju. Ieu ogé
sarua, taya nu bisa ngéléhkeun Karna. Ari nu jadi sabab, manéhna boga pakarang
Konta. Taya nu sanggup nyanghareupan Karna saupama Konta aya dina leungeun
Karna. Pandawa bingung teu manggih tungtung. Sabot ngaharuleng ngaraga meneng, Gatotkaca
ngajukeun diri pikeun nyanghareupan Karna. Taya nu nyarita, bubuhan geus papada
apal (BACA: LAHIRNA GATOTKACA). Dina prungna perang, Gatotkaca pahareup-hareup
jeung Karna. Duanana ngaluarkeun pangabisana. Sababad, ahirna Karna ngaluarkeun
Konta. Gatotkaca teu bisa kukumaha, saukur ngucap yén saacan paéh, manéhna kudu
nelasan sarébu pasukan Kurawa. Konta dilempagkeun, meneran jajantung Gatotkaca.
Gatotkaca triwikrama, ngarobah awakna jadi gedé, awak Gatotkaca ngoléang nepi
ka neunggar karéta nu ditumpakan ku Dorna. Karéta ancur, samalah karéta nu
ancur téh keuna ka sarébu pasukan Kurawa nepi ka palastrana. Gatotkaca perlaya
di médan laga. Sanggeus Karna teu nyekel Konta, saterusna mah Arjuna bisa nelasan
Karna.
Perang lumangsung tambah ragot. Alatan Arjuna riweuh nyanghareupan
peperangan nu ragot, manéhna hésé boga kasempetan pikeun kaluar tina kepungan
formasi perang anu digelar ku pasukan Kurawa. Yudistira nempo Arjuna riweuh
sarta ngajurung Abimanyu anakna Arjuna,
pikeun mantuan bapana kaluar tina bubu formasi Arjuna hasil kaluar tapi
sabalikna, Abimanyu asup kana bubu sarta perlaya ku Dursasana. Arjuna males
pati sarta hasil maéhan Dursasana. Samalah getihna diinum jeung diangirkeun ku
Drupadi, minangka jangjina baheula.
Teu kaitung satria nu perlaya di Kurusétra. Dorna hésé diéléhkeuna.
Kresna apal yén Dorna mah nyaah pisan ka Aswatama. Kabeneran, di antara pasukan
Kurawa téh aya hiji gajah nu boga ngaran Aswatama. Krensa buru-buru nyulik
Aswatama anak Dorna sarta maréntah
pasukan Pandawa sangkan ngagorowokeun yén Aswatama gugur. Ngadéngé anakna
perlaya, Dorna ménta perang eureun heula, sarta nepungan Yudistira. Dorna apal
ngan Yudistira nu tara bohong mah. Yudistira ngajawab yén gajah Aswatama mah paéh,
tapi ngomong “gajah”-na laun pisan nepi ka teu kadéngé ku sasaha. Atuh Dorna
ujug-ujug leuleus lémpés cara kapas, teu walakaya. Sangkuni, patih Astina,
nemahan pati sanggeus sungutna dibébékkeun ku Bima.
Poé saterusna mah Kurawa bisa kawon, nepi ka poé ka-18, ukur 10
urang satria nu nyésa, nya éta Pandawa, Yuyutsu, Setyaki, Aswatama, Krépa,
jeung Kritawarma. Perang campuh lekasan. Réngsé perang, Yudistira jeneng raja
Astina salila 36 taun. Sanggeus Yudistira, nu neruskeun tahta téh nya éta
Parikesit, incu Arjuna. Pandawa sarta Drupadi saterusna indit ka gunung
Himalaya, minangka tujuan ahir lalampahan hirup.
Sumber: Pandawa Kurawa, Énsiklopédi Sunda, Mikawanoh Pandawa Lima,
Wikipédia Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar