Selasa, 26 Februari 2013

Mikawanoh Tokoh Wayang



Pandu Déwanata
Radén Pandu Déwanata putra Bagawan Abiasa (Kresna Dipayana) ti Dewi Ambalika. Rakana namina Déstarata, ari rayina Radén Yamawidura. Pandu kagungan wanda sampulur, satria nu kalintang kasépna sareng sakti mandraguna. Jalaran kitu anjeunna dijadikeun raja di nagara Astina. Nu jadi garwa Pandu dua urang, nya éta Dewi Kunti Nalibrata sareng Déwi Madrim. Saleresna aya hiji deui istri nu mikahoyong Pandu, nya éta Déwi Gandari. Namung, alatan Bisma, ahirna Gandari nikah ka Déstarata. Antukna Gandari nyidem ceuceub ka Pandu katut turunanana. Pandu Déwanata kagungan putra lima, anu disebat Pandawa Lilima. Putra cikalna nyaeta Yudistira, nu nomer dua Bima atanapi Brataséna, katilu Arjuna, kaopat Nakula sareng nu bungsu Sadewa. Dewi Kunti putrana tilu nyaeta Yudistira, Bima sareng Arjuna. Anu kembar nya éta Nakula sareng Sadéwa putra Pandu ti Déwi Madrim. Pandu pupus ku supata Resi Kumindana. Sateuacan pupus anjeunna nitipkeun nagara Astina sareng kulawargana ka Déstarata kalayan wasiat saupama murangkalihna tos arageung, Astina kedah dipasrahkeun deui ka Pandawa.

Bima
Bima sok disebat ogé Brataséna, Werkudara, Sena atanapi Bilawa. Janten raja di Manggul Pawenang. Putra Pandu nu kadua ti Déwi Kuntinalibrata. Waktos dibabarkeun masih kénéh dibungkus lamad. Soéhna eta bungkus diamuk ku Gajah Séna. Nya ti harita disebat Séna. Dedegan Séna jangkung ageung, simbar dada, bosongot badé amprotan. Godeg, janggot sareng kumisna rambosbos béwos sareng rambutna gimbal. Sipatna jujur, tara linyok tara bohong, sacangreud pageuh sagolék pangkék. Anjeunna tara nyebatkeun kawon atanapi sieun dina mayunan sagala perkawis. Jalaran kitu anjeunna didamel bebenteng Amarta. Brataséna kagungan garwa tilu. Nu kahiji jenengannana Dewi Badawangwati puputra Jakatawan, nu kadua Dewi Nagagini putraan Raden Antareja, sareng nu pamungkas Dewi Arimbi kagungan putra Raden Gatotkaca.
Mangsa rumajana, Bima nu ngajaga dulurna nu opat. Nakula jeung Sadéwa mah diogo pisan ku Bima. Pakarang anu kasohor nya éta Kuku Pancanaka, Gada Rujak Polo.

Arjuna

Arjuna téh putra Pandu nu panengah, nu
mawi sok disebat Panengah Pandawa. Anjeunna salahsawios satria nu sampulur. Rarayna bodas ngadaun seureuh, damis gula sapasi, soca sipit, angkeut endog sapotong. Sipatna ampuh lungguh, lantip sareng tartib, amis budi saé basa hadé tata, hormat tilawat ka sepuh, sumujud ka guru, takwa kanu Maha Kawasa. Arjuna satria nu gagah sakti mandraguna. Kenging disebatkeun lalaki langit lalanang jagat. Watekna dipiasih ku istri dipinyaah ku somah. Numawi janten panonoban para mojang, rebutan para Kania. Arjuna kagungan istrina seueur pisan. Nanging nu saleresna mah mung Dewi Subadra putra Prabu Basudéwa ti Mandura, sareng Dewi Srikandi putra Prabu Drupada ti nagara Cempala Dirja. Putra ti Dewi Subadra nya éta Raden Abimanyu. Arjuna nyepeng kalungguhan minangka Adipati di Madukara.

Kresna
Bangbang Arayana téh nami Kresna nuju rumaja. Anjeunna putra Prabu Basudéwa raja Mandura. Arayana kagungan raka nya éta Raden Kakrasana atanapi Prabu Baladéwa sareng kagungan rayi istri sarama ti Dewi Badraini nu wastana Dewi Subadra atanapi Dewi Mayang Arum. Prabu Kresna téh titisan Dewa Wisnu salirana camani (hideung), jalaran kitu sok biasa disebat Batara Kresna. Anjeunna jadi Raja di nagara Dwarawati. Prabu Kresna pinter nyarios, gagah sakti. Anjeunna kagungan senjata panah Cakra nu ampuh, ogé jimat Kembang Cangkok Wijayakusumah kanggé ngadamangkeun nu teu damang atanapi nu pupus sateuacan waktosna. Nalika Baratayuda, Kresna jadi juru taktik perang ti pihak Pandawa. Sadayana musuh tiasa dikawonkeun ku para Pandawa ku siasatna Batara Kresna.

Semar Badranaya

Semar Badranaya nya éta salahsawios badéga, nu béla tumutur ka para Pandawa. Semar sok biasa disebat Lurah Semar Kudapawana. Linggih di Karang Tumaritis. Semar téh kawitna mah kasép ngalémpéréng konéng, terah Dewa nu sakti pilih tanding, jenenganana Batara Ismaya atanapi Sanghiang Munget putra Sang Hyang Wenang. Nalika di kahiangan, Semar gaduh istri namina Kanastrén sarta gaduh putra Kamajaya sareng Yamadipati. Wujud Semar salin jinis sapertos nu ayeuna dipikaterang ku urang kumargi nelasan rayina nya éta Sanghiang Rancasan sasarengan sareng rayina nu namina Sang Hiang Antaga (Togog) jalaran palay ngapimilik pusaka jimat Jamus Layang Kalimasadha. Malihan jasad Rancasan dituang ku Ismaya jeung Antaga. Rayina nu sanés nya éta Manikmaya atanapi Batara Guru. Semar gaduh istri jenenganana Déwi Sutiragén, puputra Astrajingga, Dawala, jeung Garéng. Dina pawayangan, Semar saparaputra kalebet tokoh carangan, nya éta tokoh wayang kabinangkitan masarakat Jawa, teu aya dina babon wayang: Mahabarata jeung Ramayana.

Nu sanésna baris nyusul….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar