Ayun-ayun ambing, diayun-ayun ku samping
Basa indung moal leungit, kitu ceuk sababaraha kamandang. Sok komo
basa indung dipaké basa tulis,
umurna bakal rada lila. Tapi, sabaraha lilana, éta gumantung ka masarakat salaku panyaturna.
Basa indung téh basa nu
munggaran diajarkeun ku indung ka budak, basa nu geus turun-tumurun, tatalépa nalika si indung keur jadi budak.
Bakal kitu terus saupama basa indungna aya kénéh.
Saupama basa indung nu jadi cicirén geus taya di kieuna, sabenerna masih aya basa nasional. Ngan,
wayahna urang (Sunda) kudu ganti ngaran. Da nu disebut urang Sunda téh kapanan aya basa Sundana. Kitu ogé budayana. Mun geus kitu, kakara
ngulisik meureun urang téh?
Pasualan basa lain saukur pasualan ngawangkong atawa nyatet rupaning
paélmuan. Leuwih
ti éta, basa téh jadi kakayaan nu teu kaitung ajénna. Ti mimiti arbitrer nepi
ka janggélék jadi wangkongan, ngalaman
rupa-rupa prosés nu kawilang
pabeulit, kapangaruhan ku basa séjén, jeung réa-réa deui. Tah, sanggeus ngalaman prosés anu pabeulit téa basa téh jadi hal anu leuwih mahal
tinimbang hasil kabudayaan séjénna.
Kari-kari basa téh leungit,
pohara lebarna. Sanajan loba alesan ku naon basa téh tumpur, ku leungitna éta manglebarkeun téh. Geus padanyaho loba basa nu
leungit, anggursi piara basa sorangan (kuduna). Tapi da teu kabéh pangeusi (tatar Sunda) mikanyaah
basana sorangan. Geuning dina sababaraha panalungtikan, di dayeuh (Sunda kénéh) mah si indung téh ngajarkeun
basa nasional heula. Cenah, gampang basa Sunda mah. Puguh ogé basa Sunda téh kawilang hésé diajarna, sahenteuna ceuk barudak sakola di lembur. Enya ogé dipaké dina wangkongan, tapi da basa Sunda téh lain saukur wangkongan. Lega kénéh.
Jeung mémang loba kénéh talungtikeun téh, da baheulana
diteundeun di handeuleum sieum. Nu geus puguh némbrak ogé can katoél-toél acan. Di Perpustakaan Nasional upamana, réa kénéh naskah-naskah
Sunda nu can kabuka. Sok komo pan basa mah ngindung ka waktu téa, jadi can kungsi nu baheula
kabuka, nu ayeuna kaburu numpuk. Bukaeun nu ngaliwat? Saha?
Poé ieu miéling basa indung, basa nu luhung ajénna, basa nu ulah kasilih ku junti. kiwari
wancina paheuyeuk-heuyeuk leungeun, silihpiara. Urang Sunda miara Sunda-na,
Sunda jadi tempat nu éndah tur matak
betah. Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar