===SIAP UJIAN===
Palaku:
1.
Lalaki
1
2.
Lalaki
2
3.
Lalaki
3
4.
Awéwé 1
5.
Awéwé 2
6.
Awéwé 3
MUSIK BUBUKA
3 LALAKI ASUP BARI BARIS, KAKAWIHAN (Lalamunan - Mang Koko):
Mun abdi pareng nincak déwasa
Hayang laksana jadi tentara
Ngusir musuh nu rék niat jail
Dor dor dor musuh paéh dibedil
AWÉWÉ ASUP NYEKEL DUIT SALAMBAR, KAKAWIHAN (Lalamunan - Mang Koko), (LALAKI
OLOHOK BARI TULUY CINGOGO):
Mun abdi pareng jadi nu kaya
Moal nyaah ku dunya barana
Pakir miskin nu katalangsara (BARI
NUNJUK TULUY NYAMPEURKEUN LALAKI)
Sok sok sok rék dibagi walatra (DUIT
TULUY DIBIKEUN KA LALAKI, IWAL KA LALAKI 3)
LALAKI 2 : Har, da kuring
mah tentara, lain pakir miskin..
LALAKI 3 : (BARI GAGARO
TEU ATEUL) Enya….
LALAKI 1 : Punten, néng, abdi mah teu peryogi, yeuh (BARI MIKEUN DUIT)
AWÉWÉ 2 : naha atuh bet
naragog, siga nu jajaluk.
AWÉWÉ
3 : enya, da tentara mah tara
arolohok.
AWÉWÉ
1 : nya tos atuh, ulah paséa,
masing-masing gaduh cita-cita, leres? Kupingkeun:
Lamun jadi ka Cirata
Kudu wani jeung ngojayna
Lamun gaduh cita-cita
Kudu keyeng ngahontalna
LALAKI
1 : Leres tah. Tapi ayeuna mah urang
émutan heula kumaha carana sangkan urang lulus. Maenya tentara teu lulus
sakola.. moal gé tulus. Kupingkeun:
Mirun seuneu di nu bala
Bisi kahuru jukutna
Lamun teu lulus sakola
Isin
téh ku sadayana
AWÉWÉ
2 : iiihh, bararaid mun teu lulus
téh. Sakedap deui pan urang téh mayunan ujian, aya
ujian
sakola, ujian prakték, ujian nasional. Saéna urang siap-siap. Yeuh
dangukeun:
naheurkeun
cai sing enya
sangkan sangu jadi timus
Ngapalkeun sing enya-enya
Sangkan lulus peunteun alus
Leres?
LALAKI
2 : Tapi abdi mah bingung, pelajaran
sakitu seueurna, kumaha ngapalkeunana?
Dikebut sawengi? (BARI NEMPO KA HAREUP)
Unggal peuting ngala batu
Lila-lila awak kuru
Unggal peuting maca buku
Lila-lila jadi kutu
AWÉWÉ
3 : sanés dikebut. Dikeureuyeuh ti
ayeuna kénéh, ulah disakaligus téh. Utah kéh…
yeuh:
disambelan ngarah lada
digulaan amis deui
Di sakola diajarna
Di bumi diajar deui
Insya
Alloh, komo dibarengan ku ngadu’a mah. Nu matak, upami guru nuju
nerangkeun, dangukeun ku cepil, ngarah
nyelecep tuluy nyempil… upami guru
masihan tugas, kerjakeun.
LALAKI
3 : Ah, mun kuring mah boga cara nu
gampang ngarah lulus
KABÉH : (BARENG) Kumahaaa??
LALAKI
3 : Yeuh kupingkeun:
Majarkeun gelas caian
Ditangkubkeun kabaseuhan
Ngapalkeun kanggo ujian
Di kelas bari ngeusian
KABÉH : (BARENG) uuuuuuuuuuuuuhhhhh……..
AWÉWÉ
1 : yeuh…yeuh… teu kénging kitu..
Mun lapar burukeun ngalas
Kadé poho jeung deungeunna
Mun ngapalkeunna di kelas
Éta mah niron namina
Ulah!
KABÉH : (BARENG BARI NUNJUK KA LALAKI 3)
Tah, dangukeun!
LALAKI
3 : nya atuh… moal da… ari satadina
mah:
Nimu hayam di jarian
Diasupkeun ka paranjé
Nu penting lulus ujian
Carana kumaha baé
AWÉWÉ
2 : lulus mah kedah, tapi carana ogé
kedah leres. Kapan urang téh kedah jujur. Saur bu Guru, jujur téh kedah janten
karakter urang. Kupingkeun geura:
Niat indit ka Cibadak
Kalahka ka Dayeuhkolot
Sipat bawa ti bubudak
Kabawa nepi ka kolot
Tah, upami ti ayeuna
kénéh urang teu jujur, engké mun urang tos ageing, bakal
teras kitu. Kahartos?
LALAKI
3 : kahartos, bu guru….
LALAKI
1 : Tah, urang gaduh cita-cita pan?
Éta saé. Tapi kanggo ayeuna mah langkung saé diajar soson-soson, daria,
enya-enya, serius… sangkan cita-cita urang teu hésé ngahontalna, da tos gaduh
bekel élmu. Diajar téh mémang cape, tapi engké mah bakal leuwih cape lamun
ayeuna teu diajar. Kupingkeun geura:
Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Élmu mah teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang
LALAKI
2 : (MAJU) jadi, urang siap mayunan
ujian?
KABÉH : Siap!!
LALAKI
2 : Siap diajar?
KABÉH : Siap!!
LALAKI
2 : Siap teu lulus?
KABÉH : (IWAL LALAKI 3) Henteu!!
KABÉH
MELONG KA LALAKI 3
LALAKI
3 : Euh…pan di dinya henteu. Kuring
siapna. Jadi mun dihijikeun: henteu siap!
KABÉH : Ooooohhhh….
LALAKI
2 : Tah, kitu! Nagara Indonésia ka
hareupna, gumantung urang ayeuna.
Siapkeun eupan jeung jala
Sangkan laukna kaala
Siapkeun diri keur jaga
Sangkan Indonésia jaya
AWÉWÉ
3 : Yu atuh urang ngapalkeun ayeuna
mah. (KA HADIRIN):
Saninten di parapatan
Dibantun ka pabrik entéh
Hapunten kalelepatan
Ma’lum da diajar kénéh
KABÉH
HORMAT KA HADIRIN. KALUAR
MUSIK
PANUTUP
===OJÉG===
PALAKU:
1.
OJÉG 1
2.
OJÉG 2
3.
OJÉG 3
4.
AWÉWÉ 1
5.
AWÉWÉ 2
6.
NINI-NINI
DI PANGKALAN OJÉG,
TILU URANG OJÉG KEUR SEMPAL
GUYON SABARI NUNGGUAN PANUMPANG
OJÉG 1 : Beuki lila asa ngurangan panumpang
téh…
OJÉG 2 : Heueuh. Ayeuna mah baroga motor
sorangan. Aéh, kamari aya
nu rék ngojég,
teu ditarik ku déwék mah, ngan mayar 50 rébu..
OJÉG 3 : Euleuh-euleuh..naha teu ditarik?
Teu éling sugan manéh téh!
OJÉG 2 : Lain teu daék euy, tapi….
Mawa lauk dina bubu
Dipasakna jeung kalua
Mayar lima puluh rébu
Hayang nepi ka Papua
OJÉG 1 : Ah, kacida éta mah…
Batik poléng anu uwa
Kotorna téh ku dulurna
Balik ngojég ti Papua
Motor téh kari setangna
OJÉG 3 : Kuring gé kungsi ngalaman nu pikakeuheuleun mah. Aya nini-nini rék ngojég,
ngan tobat babawaanana satreuk, déngékeun geura….
Samangka didahar marmot
Katénjona mah eungapeun
Nyangka kuring supir angkot
Kabéh barang dipuatkeun
SABOT KITU, TOROJOL 2 URANG AWÉWÉ.
OJÉG 1 :
Ngojég, Néng?
OJÉG 2 :
Ka abdi ngojégna, Néng…
OJÉG 3 :
Tong ka si éta (BARI NUNJUK
KA OJÉG 2), motorna
bodong!
OJÉG 2 :
Baé atuh, nu
penting mah bisa maju jeung eureun.. tong ka si éta néng (NUNJUK KA
OJÉG 3). Yeuh néng….
Tonggérét naékan kina
Paheula-heula jeung marmot
Entong daék ka manéhna
Nu tiheula ogé maot
OJÉG 3 :
Ah, na mani dicaritakeun…
OJÉG 1 :
Geus…geus.. kalahka paséa. Bade angkat
kamana enéng-enéng téh?
AWÉWÉ 1 : Kupingkeun yeuh,
tong paraséa…
Susuru opat ngajajar
Katinggang ku tangkal hoé
Kuring rék indit ka pasar
Balanja keur sapopoé
OJÉG 3 :
Dupi enéng nu ieu?
AWÉWÉ 2 : Sami abdi gé bade ka pasar…
Ka Banjar jalanna méngkol
Palaur picilakaeun
Ka pasar rék meuli jéngkol
Keur semur ogé gayemeun
OJÉG 3 :
Ih, geulis-geulis resep jéngkol… hayu
atuh sareng abdi…
AWÉWÉ 2 : Hayu, ngan aya
saratna
OJÉG 3 :
Naon saratna?
AWÉWÉ 2 : Mun akang jualan
simbut
Ku kuring moal ditawar
Mun akang mawana ngebut
Ku kuring moal dibayar
OJÉG 3 :
Éh, ulah lepat néng…
Kunaon jualan simbut
Sangkan awak kahaneutan
Kunaon mawana ngebut
Kapan keur ngudag setoran
AWÉWÉ 1 : Ari
abdi jeung saha?
OJÉG 1 : Abdi wé néng…
Ka Bogor meuli karanjang
Dibeulina ku rupiah
Motor ojég anu akang
Dijamin hargana murah
AWÉWÉ 1 : motor alus nu Kang Amin
Lamun suka sok jadikeun
Motor alus teu ngajamin
Lamun supirna cileureun
OJÉG 1 : Moal, néng. Hayu
atuh….
OJÉG 2 : Ari kuring?
OJÉG 1 JEUNG 3,
AWÉWÉ 1 JEUNG 2 KALUAR BARENG JEUNG ASUPNA SAURANG NINI-NINI MAWA BUNGKUSAN.
OJÉG 1 : Tah, tarik nini-nini…
NINI : ngojég, Sujang..
OJÉG 2 : Ah, embung. Tara mayar
nini mah…
NINI : Gagabah nyarita téh….
Gering bengék daham-déhém
Kulit katutup ku sarung
Kuring ngagésék ATM
Duit pinuh dina karung
OJÉG 2 : Maenya? Wadul ah!
NINI : Bener, Sujang…
Lamun manéh ka Cimaya
Sok hayang apal mudunna
Lamun manéh teu percaya
Sok buka geura karungna
OJÉG 2 MUKA
BUNGKUSAN.
OJÉG 2 : Ieu mah runtah, Nini!
Ngawadul ah! Rajeun aya panumpang, nini-nini deuih..
NINI : Éta ogé piduiteun, Sujang..
Hayu atuh, anteurkeun nini ka imah..
OJÉG 2 : Heug, nganjuk deui waé
nyah? Rugi aing mah!
OJÉG 2 JEUNG
NINI-NINI KALUAR
===RÉNGSÉ===
===NGAMUMULÉ JEUNG MIKANYAAH BUDAYA
SUNDA===
TÉRAS
HIJI IMAH, TILU URANG ASUP BARI SEMPAL GUYON SANGGEUS LALAJO HIJI KASENIAN.
JALMA
1 : Alus euy pintonan téh, iraha
nya aya deui?
JALMA
2 : Bulan hareup cenah..
JALMA
3 : Alus atuh ari unggal bulan aya
mah, ngarah teu diaku nagara séjén.
JALMA
1 : Lain euy, asa beuki kamalinaan
nagara deungeun téh, ngaku-ngaku budaya urang…
Tanggal ngora urang nganjang
Ka Cipari ngadon kongkur
Titinggal karuhun urang
Kiwari diaku batur
JALMA
2 : Ah, da bongan urang..
Masak hurang
eukeur deungeun
Dicampur jeung seupan iwung
Ku urang siga dipiceun
Ku batur tangtu dipulung
JALMA
3 : Na teu boga budaya sorangan kitu
ari nagara batur? Piraku ngaku-ngaku nu urang?
JALMA
1 : Bogaeun tangtuna ogé. Ngan
meureun budaya urang mah leuwih luhung ajénna.
JALMA
2 : Maksudna?
JALMA
1 : Nya budaya urang mah loba
simbolna, simbol kahirupan…
JALMA
3 : Paingan atuh. Siga kaulinan
barudak wéh, pan teu kudu make duit….
Jalan-jalan ka Cisokan
Meuli kadu ka Cihapit
Kaulinan di buruan
Henteu kudu make duit
Teu siga ayeuna, maén
PS kudu ngaréntal, internétan kudu mayar…
JALMA
1 : Ari mayar henteuna mah éta mah
gumantung. Ngan nu pasti, budaya sorangan kudu dijaga ku urang sorangan.
Ngartos?
JALMA
3 : Kaharti ari kitu mah…
KEUR
KITU ASUP JALMA 4 JEUNG 5.
JALMA
4 : Assalamu’alaikum… nuju naraon
yeuh?
JALMA
2 : Waalaikum salam. Kieu wé, keur
ngobrol.
JALMA
5 : Ngobrol naon?
JALMA
3 : sora bangkong sisi jurang
Sorana dikamelangeun
Ngawangkong budaya urang
Anu diaku ku deungeun
JALMA
4 : Lah asa ku pikawatireun puguh
gé. Angklung, réog, nepi ka kadaharan siga témpé, diaku deungeun…
Muru batu ka Cimaya
Dijajarkeun jeung seménna
Angklung diaku Malaya
Magarkeun téh nu manéhna
JALMA
5 : Nya lamun embung diaku batur,
ku urang kudu dijaga atuh. Lain ngajak perang ka Malaysia. Da meureun pédah
maranéhna ngaku téh ku urang teu dijaga jeung dimumulé.
Bongan hurang teu dijaga
Ku batur beak teu nyésa
Bongan urang teu ngajaga
Ku batur mah dipicinta
JALMA
2 : Bener tah éta téh..
Aya rasana kaduhung
Sanggeus urang ngalakukeun
Budaya urang nu luhung
Lebar mun disapirakeun
JALMA
1 : Kumaha atuh cara ngajagana? Da urang
mah pan budak sakola?
Kumaha cara ka Jogja
Sangkan bisa ulin lila
Kumaha cara ngajaga
Sangkan lana salilana
JALMA
4 : Loba ari carana mah, rék diajar
tuluy digunakeun, atawa nu gampangna, urang ngaprésiasi atawa lalajo kasenian
urang. Gampang pan ari lalajo mah?
Moé-moé daun entéh
Diwadahan ‘na calana
Najan urang budak kénéh
Ngajaga mah sakuduna
JALMA
5 : Tah, ayeuna mah urang geus
padaapal yén budaya, kasenian urang téh kudu dimumulé ku urang. Kudu dijaga ku
urang, ngarah teu diaku deungeun deui.
Ngala pancar téh ka mana
Ngala awi jeung iwungna
Ngarah aya salilana
Ti ayeuna dijagana
JALMA 1, 2, 3, 4, 5 KALUAR
==RÉNGSÉ===
Assalamu'alaikum, wr.wb., kumaha damang Kang Webi? Nyuhunkeun widina, eta naskah sisindiran teh seja dipintonkeun. Nuhun pisan.
BalasHapussami kang webi abdi nyuhunkeun nwidi salah sawiosna bade dipintonkeun, hatur nhun
BalasHapus