SIDANG ISTIMÉWA
Palaku:
Hakim, umur 50 taun, teges, asa pangaingna
Algojo, umur 30 taun, pikasieuneun tapi cileureun, nurut waé kana
paréntah hakim
Ibu nu boga imah, umur 40 taun, céréwét, judes, resep dangdan
Tukang Kusén, umur 40 taun,
Awéwé ngora, umur 24 taun, centil
Tukang celep, umur 40 taun, kuuleun, teu bisa nyarita ogé ngadéngé
MUSIK BUBUKA
RUANG SIDANG PANGADILAN, AYA MÉJA HAKIM JEUNG KORSINA, AYA MÉJA
SAKITAN (TERSANGKA) HAREUPEUNANA, AYA KORSI TUNGGU.
HAKIM ASUP, DITUTURKEUN KU ALGOJO MAWA PANAKOL
HAKIM : Algojo, geus
mangpuluh-puluh taun kuring jadi hakim. Cik ceuk manéh, kumaha
kapamingpinan kuring dina sidang? Adil pan?
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Heueuh alus.
Cukup ngajawab kitu wé manéh mah.
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Algojo, poé
ieu ogé aya kasus nu kudu disidangkeun.
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Lain
saé-saé!! Yeuh déngékeun, kieu kasusna téh. (MAJU) Aya hiji lalaki nu paéh. Ari
paéhna téh, pédah rék maling. Waktu éta
lalaki muka jandéla, singhoréng kusén
jandélana téh lésot, nepi ka ninggang ka éta
lalaki. Paéh wéh. Ayeuna,
pamajikanana ménta sangkan nu boga éta imah
dihukum, sabab teu bener
masangkeun kusén jandéla imahna. Cik ayeuna
mah, téang si ibu nu boga imah
téh….
ALGOJO : Saé, Juragan.
ALGOJO KALUAR. TEU LILA ASUP DEUI DITUTURKEUN SI IBU. SI IBU DIUK.
IBU : Aya naon
ieu téh, Kim? Rareuwas! Kuring keur arisan yeuh!
HAKIM : Kieu, Bu. Ibu
inget aya nu rék maling ka imah ibu minggu kamari?
IBU : Inget
atuh, untung si mangkeluk téh paéh!
HAKIM : Ibu,
pamajikan éta lalaki téh datang ka pangadilan, ménta sangkan ibu dihukum,
sabab teu bener masangkeun kusén!
IBU : Har,
har, har, naha kuring nu disalahkeun?
HAKIM : Aaahhh,
pokona ibu nu salah! Kudu dihukum!
IBU : Ké, ké,
ké… Mun aya nu kudu disalahkeun, nya tukang kusén atuh! Da kuring mah
sakadar mayar. Rugi dua kali atuh mun kuring
disalahkeun!
HAKIM NGALAMUN, MIKIR.
HAKIM : Aéh, heueuh
nya Algojo. Nu salah mah tukang kusén!
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Téang tukang
kusén téh. (KA SI IBU) Ibu, tungguan heula dina korsi itu (NUNJUK KANA KORSI
TUNGGU). ALGOJO KALUAR, TEU LILA ASUP NUTURKEUN TUKANG KUSÉN MAWA ALAT-ALAT
TUKANG. TUKANG KUSÉN DIUK.
TK. KUSÉN : Badé
ngalereskeun kusén, Juragan?
HAKIM : Lain!! Manéh
nu masangkeun kusén di imah si ibu itu minggu kamari?
TK. KUSÉN NGALIEUK KA SI IBU.
TK. KUSÉN : Sumuhun. Saé
nya?
HAKIM : Lainnn!!
Puguh teu bener masangna. Gara-gara teu bener, aya nu jadi korban.
Ayeuna manéh kudu dihukum. Ngarti?
TK. KUSÉN : (MIKIR) Oooohhh,
harita basa kuring masang kusén, sapoé jeput kuring digawé,
teu dipasihan cai-cai acan, Juragan.
HAKIM : Terus éta
jadi alesan manéh teu bener masangna?
TK. KUSÉN MIKIR DEUI.
TK. KUSÉN : oohhh, harita
téh aya istri, geulissss téh, ngalangkung nganggo acuk beureum.
Kaséraban abdi téh, janten teu konséntrasi.
Kitu…
HAKIM MIKIR.
HAKIM : Lamun kitu
mah nu salah téh si awéwé nu make baju beureum téa, Algojo.
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Téang éta
awéwé téh. Gancang! Kuring geus rieut yeuh! Aya-aya waé kasus téh!
ALGOJO KALUAR, TEU LILA ASUP DEUI MAWA AWÉWÉ.
HAKIM : Mangga calik,
nyai.
AWÉWÉ : Hatur nuhun,
Pa Akim… Aya naon? Bade ngondang abdi kanggo nyanyi?
HAKIM : Sanés, Nyai. Ké
nyanyi mah mun bapa ulang taun. Kieu nyai, émut teu minggon
kamari ngalangkung ka bumi ibu nu itu (BARI
NUNJUK KA SI IBU) nganggo
acuk beureum?
AWÉWÉ : Ké heula.. oh,
muhun, Pa Akim. Bade dangdutan harita téh… ari kitu aya naon?
HAKIM : Kieu, nyai.
Gara-gara nyai nganggo acuk éta, tukang kusén janten teu leres masang
kusénna. Teu konséntrasi.. Sok ngangken ka
bapa, naha atuh nyai nganggo acuk nu
éta?
AWÉWÉ : Ih, puguh gé
harita téh abdi téh keuheul. Da kedahna mah abdi téh nganggo acuk
héjo, ngan tukang celep
torék lepat nyelepna, kedahna héjo kalahka beureum. Kitu,
Pa Akim…
HAKIM : Sukur atuh
nyai teu salah. Mun kitu mah, nu salah téh tukang celep, Algojo..
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Jung, geura
téang tukang celepna. Lieur aing mah! Aéh, Nyai, mangga calik di
palih ditu…
ALGOJO KALUAR, TEU LILA ASUP DEUI MAWA TUKANG CELEP. TUKANG CELEP
DIUK.
HAKIM : Héh, tukang
celep, manéh dihukum gantung pédah maéhan jelema! Ngaku siah!
TUKANG CELEP NGABETEM.
HAKIM : Moal ngabéla
diri manéh téh?
TUKANG CELEP ANGGER CICING.
AWÉWÉ : Pa Akim,
sanggem abdi ogé tukang celep éta mah teu nguping, teu tiasa nyarios
deuih…
HAKIM : kabeneran mun
kitu mah, Algojo. Geus wé nu ieu lah urang hukum…
ALGOJO : Saé, Juragan.
HAKIM : Nya geus atuh,
tukang celep ieu urang hukum sabeurat-beuratna. Kumaha, adil teu?
KABÉH : Adiiiiilll……
HAKIM : Algojo, bawa
ieu tukang celep ka tihang gantungan.
ALGOJO : Saé, Juragan.
ALGOJO KALUAR MAWA TUKANG CELEP.
HAKIM : Tah, ayeuna
mah kasusna bérés. Hatur nuhun tos sumping ka dieu, utamina ka nyai nu
nganggo acuk beureum.
HAKIM, IBU, TK. KUSÉN, AWÉWÉ SASALAMAN.
MUSIK PANUTUP
===RÉNGSÉ===
Tidak ada komentar:
Posting Komentar