Tiap tokoh wayang boga carita masing-masing nu pikaresepeun, matak hélok, nepi ka pikaseurieun. Salasahiji tokoh wayang nu kasohor téh nya éta Gatotkaca, atawa Purabaya, Kancing Jaya,
Jabang Tutuka, Krincing Wesi, bisa ogé Talaga Pancuran. Digambarkeun tokoh wayang
nu bisa ngapung ngawang-ngawang, urat kawat tulang beusi.
Gatotkaca téh anak Bima ti Déwi Arimbi. Saupama urang apal yén Gatotkaca satria nu kasép, sembada, teu kitu dina carita aslina mah. Ku sabab anak Arimbi nu
raksasa téa, Gatotkaca ogé teu béda ti indungna: sihungan, susu rayud,
beuteung bureuteu, biwir jebléh, pokona kumaha ilaharna buta.
Sarua jeung bapana, barang borojol ka alam dunya ogé Gatotkaca téh meunang kasusah, nya éta tali ari-arina teu bisa pegat. Ku pakarang naon waé nu aya di alam dunya, keukeuh teu bisa. Aya béja yén nu bisa megatkeun tali ari-arina téh hiji pakarang nu aya di kahyangan, nya éta Konta. Konta téh tumbak nu ngan bisa digunakeun sakali. Sanggeus dipaké sakali, éta pakarang téh bakal leungit.
Bima terus nitah Arjuna nginjeum éta pakarang. Di kahyangan, batara Narada
dititah mikeun éta pakarang. Kacaturkeun batara Narada
indit ti kahyangan. Satengahing jalan, Narada kalahka panggih jeung Karna nu
sarupa jeung Arjuna. Atuh éta pakarang téh dipasrahkeun kitu waé ka Karna. Karna ngarasa bungah nampa pakarang lungsuran déwa. Sanggeus Karna indit, Arjuna datang. Narada pohara reuwasna sarta
nitah Arjuna mawa éta pakarang.
Arjuna nyusul Karna nepi kasusul. Arjuna ménta éta Konta, tapi teu dibikeun. Ahirna, Karna
tarung jeung Arjuna marebutkeun Konta. Bubuhan saturunan turta pangabisa nu
sarua, dua satria téh saimbang tarungna. Antukna mah, pakarang
Konta téh tetep dina leungeun Karna, Arjuna meunang sarangkana. Arjuna tuluy
balik deui. Tali ari-ari bisa pegat ku sarangka Konta, sarta teu kagok, éta sarangka téh milu asup kana awak Gatotkaca. Taya pakarang
nu teurak ka Gatotkaca, iwal Konta.
Ajian Gatotkaca kawilang loba: brajawisésa, brajalambatan, brajadénta, brajawikalpa, brajamusti, tapak nenggala, sapta pangrungu, sarta
baju kré Antakusumah jeung caping Basundan nu ngan bisa
dibuka ku cara nyisit kulit Gatotkaca. Gatotkaca boga markas di awang-awang nu
ngaranna Mégamalang.
Gatotkaca boga
pamajikan Pergiwa puputra Sasikirana.
haturnuhun!
BalasHapusiye versi p asep almrh lain
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus