Hak asasi manusia, cenah. Hak anu dipiboga ku tiap jalma ti barang borojol ka alam dunya nepi ka asup ka liang kubur. Teu beunang diganggu ku sasaha, teu ku nagara. Hak nu ieu mah pikeun sasaha, teu sangsara teu kawasa. Ngalanggar HAM, ngalanggar rénghap jalma.
Sakumaha nu kaunggel dina Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia taun 1945, réa pasal nu nyebutkeun ngeunaan hak asasi tiap jalma. Ti mimiti ngeunaan kayakinan nepi ka masalah ékonomi. Samalah, ku PBB ogé kapanan geus diikrarkeun tanggal 10 Désember 1948. Jadi, perkara HAM mah geus cukup kuat dadasarna.
Nepi wéh, HAM téh ka urang lembur nu balilu taya kanyaho. Dihartikeun sahinasna tangtuna ogé, da bongan taya sosialisasi ti huluwotanna. Ceuk, urang lembur siga uing, nyiwit budak sakola nu baong kaliwat saking, kaasup ngalanggar HAM. Bisa lapor ka pulisi, satuluyna nu nyiwitna dibérok. Kaasup ngusap budak nu bener ngerjakeun péér. Kapanan ku barudak ayeuna mah sok dihartikeun séjén. Nyiwit, ngusap, nalipak, nakol téh. Komo di sakola, nu kasebut kontak fisik, paantel kulit guru jeung siswa, aya kalana dipahing. Bisi ngalanggar HAM. Heuheu, guru ogé jadi réa kasieun.
Lah, di sakola téh ayeuna mah réa karémpan. Kudu aya diklat sakabéh guru ngeunaan watesan HAM. Da ceuk uing, ayeuna mah watesanana téh can puguh. Kumaha nyanghareupan budak nu bawaan ti imahna mantangul, da sigana teu cukup ku omongan. Kétang, boa ku omongan gé ngalanggar HAM, atawa dituduh "mencemarkan nama baik". Heueuh, ti saprak HAM ramé di lembur uing, asa duk-dek alam dunya téh. Kaasup di sakola. Rék kitu, salah, rék kieu, sieun. Antukna, urang lembur uing nu ceuk basa Sosiologina mah gemeinschaft, jadi gesselschaft. Urusan dia kuma dia, kami mah ngurus urusan kami baé.
Da ku sabab HAM geus jadi wangkongan di warung kopi, teu anéh deui dina warta televisi loba barudak nu tawuran téh. Saliwat, keun wé da aya hak pikeun jalma ngabudalkeun éksprésina. Ngan, nu anéh, mun aya siswa nu tawuran bet nyalahkeun sakola. Geus puguh ceuk uing ogé ayeuna mah di sakola ogé duk-dek. Komo mun kolot geus pipilueun, atuh ahirna mah jadi tawuran antar kampung. Sigana, pada-pada kalanggar HAM-na.
Sakola disalahkeun ku sakabéhna ngeunaan tawuran budak, teu anéh ahirna mah. Malah aya nu nyebut, kurikulumna kudu dirobah, ngindung ka waktu. Nya kudu ari masalah éta mah, maenya rék cicing di tempat. Ngan, naha masalah tawuran patali jeung loba-saeutikna jam pelajaran di sakola? Mun kurikulum teu bisa disalahkeun, nya pasti guruna. Da dina kurikulumna mah geuning aya pendidikan karakter. Nya, omongan uing di awal laksanakeun. Ayakeun diklat ngeunaan watesan HAM.
Kumaha atuh mun geus kieu? Rék silisalahkeun waé nu taya pamustunganana? Ulah meureun nya. Hiji wéh, siliajénan. Saling menghargai. Guru ka siswa, jeung sabalikna. Mun guru embung dicerek alatan ngalanggar HAM siswa, nya meureun siswana ulah ngalanggar aturan. Pan gampang? Sigana bakal aya nu ngajawab, gampang nyarita mah! Lah, naon héséna dilaksanakeun, da pan nu disebut guru ayeuna mah nu tuhu ngaping jeung ngagali kamampuh siswana. Sigana moal aya guru nu nitah tawuran, atawa nitah ngomong kasar. Mun siswa embung dicarékan di kelas, nya ulah ngalanggar aturan. Da mun hirup teu maké aturan, moal aya nu disebut nagara Indonésia.
Tong nyalahkeun HAM ogé, da tiap jalma téh boga kahayang. Tapi, lamun HAM-na ngalanggar HAM jalma séjén, éta nu ulah. Balik deui, siliajénan. Saling menghargai. Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar