Selasa, 09 Oktober 2012

Melak Cabé

Hiji peuting, kuring keur gogoléran di pangkéng. Teu mireungeuh, kolot geus ngajanteng dina lawang panto. Pasemon riuk bari teuteupna seukeut. Koréjat. Reuwas. Mun kolot geus kitu, kuring boga salah. 
"Yeuh, aya surat ti sakola!"
Gebeg. Moal salah, pasti masalah kuring jeung babaturan paséa kamari. Lah, teu garenah cicing. Kumaha saterusna, teu kudu dicaritakeun bubuk leutikna mah. Ngan, gurat badagna mah laklak dasar dicarékan.
Pira ogé masalah leutik, mani bébéakan, kitu pikiran téh sanggeus kolot kaluar ti kamar. Ngan, aya kalimah nu terus kapikiran tina omongan kolot tadi, "Rugi aing méré duit keur bayaran, lamun manéh kitu kalakuanana!" 
Saliwat dipikir, naha atuh maké nyakolakeun ari embung rugi mah? Geus wé antep, atawa tarimakeun wé polah kuring kitu, ongkoh babaturan kuring nu nyieun pucuk ti girang. Kesel.
Geus leuwih ti 16 taun éta kajadian téh, tetep nyangsaya dina pikiran. Can kapikir kamana maksudna. Dileuleungit, tambah montél. Rék ditanyakeun, piraku. 
Teu ku hanteu, hiji poé di sakola, barudak ngahaleuang lagu Doel Sumbang.. melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg.. leuwih kurang mah kitu. Awalna mah teu sadar, ngan sanggeus di kantor bet kapikir omongan kolot nu baheula. Kieu meureun maksud omongan kolot téh: Kolot kuring ngawaragadan kuring sakola, minangka melak binih. Salila sakola, éta binih téh dicébor, diipuk ku panyarék, pangwarah, jeung sajabana. Pepelakan téh ari diurus mah mo burung kembangan laju buahan. Kapetik mangsa kiwari. Jadi asa nyambung jeung Ta'limul Muta'alim, yén salasahiji sarat nyuprih pangarti téh kudu aya waragad bin duit.
Singhoréng, panyarék kolot téh lain samata-mata teu resep, ijid, ambek, komo ngarasa rugi mah. Sakabéh pangwarah téh, sangkan binih nu geus dipelak kaala hasilna ayeuna.
Ari kolot hidep ayeuna, melak naon? 
Cag.   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar