Geus diuk dina korsi, hareupeun keretas kosong kénéh. Pulpén kalahka diketruk-ketruk kana sirah. Rék nulis naon? Rék nulis sajak ah. Huleng deui, lalangit angger pulasna. Euh, da, baluweng. Nyoba nulis carpon, weléh. Padahal ti beurang mula geus niat rék kutrat-kotrét nyieun tulisan. Isuk deui kitu? Lah, hésé néangan waktu lowongna. Lain kétang, nu puguh mah waktu daékna. Huleng deui. Bet resep nénjo lalangit. Nulis sajak ngeunaan lalangit waé kitu? Sip! Kakara gé rék trét, kumaha kalimah nu merenahna? Lah, kesel!
Datangna idé teu bisa diatur ku urang, kitu ceuk nu remen tutulisan. Nu matak, ka mamana téh mawa buku catetan, atawa ketik dina hapé. Bisi datangna idé téh lagu (punten) keur ngising. Da teu bisa diatur ku urang téa, éta meureun nu ngabalukarkeun teu pati réa nu tulas-tulis, boh sajak, boh carpon, boh nu séjénna. Moal boa datangna idé téh sarua jeung datangna jodo: teu disangka.
Tapi, keun nu éta mah. Pikeun sababaraha jalma, idé téh justru bisa didatangkeun. Huleng sakeudeung, trét jadi tulisan. Bisa kitu? Naha henteu! Asal diasah nulis, sok ujug-ujug murudul waktu rék ngagutrut. Pikeun sim uing mah, nya nu arang tulas-tulis, sapuk kénéh kana pamadegan nu kahiji. Moal boa, meureun, mun diasah mah uteuk téh seukeut tanding pedang.
Aya nu ahéng mun nénjo jalma nu keur néangan idé. Siga uing tadi, sok nempo ka luhur. Miharep pitulung Gusti Nu Mahaluhur? Bisa. Ngan, ceuk nu sok ngalamun, singhoréng di luhureun sirah urang téh aya wadah, wadah idé. Tangtu teu katempo ku panon lahir, ngan nu pasti éta wadah téh aya. Unggal waktu, éta wadah téh dieusian ku idé. Kangaranan wadah, tangtu aya pinuhna. Tah, idé nu murag tina wadahna téh moal ka mana muragna, tangtu kana sirah. Ngan, iraha jeung dimanana, teuing. Pas takbirotul ihrom, rék saré, keur momotoran, moal boa (punten) keur ngising. Oh, mun kitu mah kaharti, naha jalma nu néangan idé sok nempo ka luhur, pasti nempo wadah idéna, sugan aya nu murag. Bubuhan poék di sabudeureun éta wadah, teu langsung meunang idé jalma nu nempo ka luhur téh. Ngan, sok aya lampu nu hurung luhureun sirah pas meunang idé, moal boa wadah idéna kacaangan? Ulah ngalamun, mending ngalaman! Trét ah! Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar