Sendiri
sendiri ku diam
diam dan merenung
merenungkan jalan yang 'kan membawaku pergi
pergi tuk menjauh
menjauh darimu
darimu yang mulai berhenti
berhenti mencoba
mencoba untuk terus bersamaku
(Cakra Khan - Harus Terpisah)
Lagu nu bieu keur meujeuhna sohor (sahenteuna waktu ieu cocorétan ditulis). Salian laguna easy listening cék nu resep lalaguan mah, ogé sora nu nyanyina halimpu. Mun Sandy Sondoro jeung Afgan diadumaniskeun, siga kitu leuwih kurangna mah. Jeung sigana, masarakat Indonésia geus mimiti mikaresep deui kawih-kawih pop nu lain saukur légég dina panggung. Kualitas di luhur éta.
Heup. Da lain rék ngagosip nu ngahaleuangkeunana. Asa inget cocorétan dina laptop ngeunaan purwakanti. Saliwat, harti purwakanti téh (purwa=mimiti) jeung (kanti=marengan). Jadi, marengan nu mimiti. Atawa bisa ogé paudag-udag sora. Ngarah naon? Nu pasti ngarah ngeunah ngadéngéna. Mun mapay raratan, perkara resep jeung henteuna urang Sunda kana purwakanti, keun. Bongan urang Sunda baheula mah teu pati wanoh kana ngaréka basa, ari lain pangaruh Jawa-Mataram mah.
Cék tadi, purwakanti téh paudag-udag sora. Singhoréng, numutkeun M.A. Salmun mah, ahli basa Sunda, purwakanti téh aya salapan. Teu wungkul paudag-udag sora dina sapadalisan (baris). Geura urang tataan hiji-hijina:
1. Pangluyu
Sora engangna
ditukang diluyukeun dina ungkara éta kénéh.
Conto :
Burudul
ti tebéh kidul (ul)
Ti
kampung para tumenggung (ung)
Candakna
angklung jeung degung (ung)
Tingrariung
tinglalimbung (ung)
Nu
jangkung nu alus tangtung (ung)
Irung
mancung kunis nanggung (ung)
Geus
tuman tarung padungdung (ung)
2. Maduswara
Anu jadi poko dina gundukan ieu nyaeta paudag-udag
sora. Upama dina kecap tiheula kana sora eu
dina kecap anu pandeuri oge kana eu.
Conto : Kajeun balik ngaligincing ( i-i )
Kajeun mulang
ngalongkewang ( a-a )
3. Cakraswara
Sora siga nu pacorok-corok atawa siga bulak-balik (cakra).
Conto : Mun teu ngakal moal ngakeul (a-a,a-eu)
Mun teu ngarah moal
ngarih (a-a,a-i)
4. Laraspurwa
Aksara anu sarua dina engang mimiti tur kecapna
patutur-tutur. Dina purwakanti ieu wianjana
(konsonan) ngan ukur jadi pangdeudeul, da anu pokona mah sora téa.
Conto : Huntuna gula gumantung (gu-gu)
Taktakna
taraje emas (ta-ta)
Kamana
kabogoh kuring (ka-ka-ku)
5. Mindoankawit
Kecap anu mimiti dibalikan deui.
Conto : Nu
hurung sariga layung,
Nu
herang sariga bentang.
Lamun dititénan deui dina kabeungharan
sastra Sunda, purwakanti siga kieu téh aya oge anu dipitelu ( di tilu balikan
).
Conto : Matak
tigulusur kutu,
Matak
tisorodot moyo,
Matak
tijalikeuh piteuk.
6. Laraswekas
Méh sarua jeng pangluyu, tapi nu ieu mah teu kudu
pasusul-susul dina ungkara éta-éta kénéh. Iketanana sok opat-opat atawa
tikelanana.
Conto : Kuring teu puguh baraya,
Ka nu gagah mundinglaya,
Béjana di dieu aya,
Keur perang jeung Suntenjaya.
Laraswekas aya oge anu iketanana opat-opat, tapi
ngarakit dua-dua.
Conto : Alus
tangtung hadé laur (ur)
Langkoyang pangawak wayang (ang)
Matak
guyur salembur (ur)
Réa
bujang pada hayang (ang)
7. Laras
Madya
Anu murwakanti dina laras madya mah kecap nu aya
di tengah, biasana sok nyakra.
Conto : Dipambrih harti teu mahi ( harti = i )
Dipénta harta
teu aya ( harta = a )
8. Margaluyu
Purwakanti anu ieu mah pasambung-sambung kecap.
Conto : Diri
nu ngarasa isin,
Isin ku polah sorangan,
Sorangan rumaos ambon,
Ambon
henteu kalayanan,
Kalayananan
ku Agan,
Agan mah teu émut-émut,
Emutna ka nu sababad.
9. Mindoanwekas
Sabalikna tina mindoan kawit, nyaeta kecap/engang
pangtukangna sarua.
Conto : Mun urang loba pangarti ( ti )
Sagala bakal kaharti ( ti )
Jadi, lagu Cakra Khan "Harus Terpisah" téh, ninggang kana purwakanti margaluyu dina basa Sunda.
Sumber: Kokoréhan tina buku-buku ngeunaan kasundaan. Tah, geuning basa Sunda téh sidik beunghar. Cenah. Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar