Senin, 22 Oktober 2012

KOCAP KECAP KIKICEUPAN


Basa kuring munggaran nincak dampal di ieu sakola, teu kasawang bakal pikumahaeun. Harita mah nu aya dina pikiran téh ngan kasieun. Sieun teu betah pédah kuring mah jalma anu hésé guyub, atawa sieun dijejeleh pédah awak anu leutik.
Mun teu salah harita téh tanggal 7 Juli 2006, kuring ngaliwat ka kantor OSIS. Tataraeun, ngan harita mah bakat ku taya gawé pédah paraguru nuju aya rapat. Di payuneun kantor OSIS, aya mading. Salasahiji tulisan anu dipasang téh nya éta sajak karya Surachman R.M., judulna téh Lagu Paturay. Ujug-ujug kapincut kuring téh, basa maca padalisan kahiji anu unina kieu, soara nyawa kari sakésétan napas biola. Beu! Éta  ungkara mani nanceb kana haté. Sora biola anu sok mépéndé sakaligus ngagerihan haté ku pangarang disawandakeun jeung saora nyawa. Tingggal, ngék! paragat nyawa! Ti harita kuring jadi bogoh kana karya sastra, utamana sajak. Di pabukon, kuring maca sababaraha sajak Sunda. Timimiti nu ngagerihan haté siga sajak Lagu Paturay, nepi ka nu ngencarkeun pikiran sabébas-bébasna siga Sajak Dongéng Si Ujang-na Godi Suwarna.
Tina resep maca, kuring jadi aya kereteg hayang mudalkeun eusi hate ngaliwatan sajak. Ngébréhkeun rasa anu nyaliara jero dada.
Tapi, pulpén anu geus antel kana keretas téh teu daekkeun maju. Duh, kumaha ieu téh? Sugan téh énténg nulis sajak téh. Pikeun kuring sahenteuna. Ti mana kudu ngamimitian nulis,  jeung naon kekecapan anu bisa nyuluran kereteg haté. Ku héséna ngedalkeun eusi pikir jadi tulisan, antukna kuring jadi arang maca. Ka pabukon mun aya tugas wungkul, maca mading geus tara. Sumanget anu kungsi ngagedur harita mah les wéh.
            Basa pangajaran basa Sunda bulan kamari matérina téh ngaregepkeun sajak, teu kahaja kuring maca sajak Pipuisieun nu Narumpi beunang Wahyu Wibisana. Cék kuring mah pangarang téh béakeun ideu. Tapi, pinterna téh, éta béakeun ideu téh justru jadi ideu! Bisa kitu! Atuh jorojoy aya kahayang deui nulis sajak. Harita mah kudu prung!
            Kuring nanya ka pa Dédi, guru basa Sunda kumaha carana nulis sajak. Pa Dédi surti kana kahayang kuring. Anjeuna nurunkeun élmuna ka kuring. Saurna, tulis heula wé sadaya eusi pikir, ke mun tos bérés kakara pilihan kekecapan pokona. Saupama kekecapan poko tos aya, kakara sarungsum. Kadituna mah tinggal diksi atawa pilihan kecapna dimamanis. Kuring protés, geuning panjang prosésna? Saur pa Dédi téh, mun tos biasa mah teu kudu kitu, komo kosa kecap dina uteuk loba mah, tinggal trét.
            Di nagara deungeun cénah aya aliran anu ngagem kapercayaan yén kecap anu mimiti ditulis jadi sajak teu bisa diropea deui. Lamun kekecapanana diganti, cénah, mangka éta téh lain sajak. Ah, keun baé. Pokona mah kuring rék nulis sajak.
            Sajak anu mimiti ditulis tur diropéa welasan kalina téh ditémbongkeun ka babaturan sabangku. Cék manéhna, basana kurang sangar! Aéh, enya, harita téh jejer sajak anu ditulis ngeunaan lemah cai. Kekecapanana teu napak kana eusi sajakna, teu nyuluran cénah. Harita mah kuring teu peunggas harepan, kamandang ti babaturan mecut diri sangkan bisa ngaluarkeun sagala kamampuh dina nulis sajak. Éta sajak diropéa deui. Kekecapan anu teu napak téa diganti ku kekecapan anu bisa ngébréhkeun maksud jejer sajakna. Sanggeus kitu éta sajak ditémbongkeun deui. Wéh, hébat cenah! Sumpahna ogé asa ditonjok congcot! Untungna kaburu sadar, sabab lamun ngarasa butuh ku pamuji kadituna téh sok teu kapuji.
            Kuring ngawanikeun manéh ngirimkeun sajak ka pangurus OSIS, sina ditémpél dina mading. Sihoréng, nu maca sajak beunang kuring rata-rata nyebut alus, sanajan teu saeutik nu nyebut goréng ogé. Karasa, lamun aya nu nyebut goréng téh hartina kudu leuwih leukeun jeung daria. Lila kalilaan mah kabuktian kasauran pa Dédi téh, teu kudu lila prosésna. Alah bisa sabab biasa téa.
            Basa kenaikan kelas kamari, reuwas pagalo jeung atoh, Pa Dédi nyandak majalah Sunda, sihoréng sajak kuring anu judulna Kocap Kecap Kikiceupan, anu ditulis minangka tugas basa Sunda, dimuat dina éta majalah. Alhamdulillah. Saur Pa Dédi, sajak kuring pantes dimuat dina majalah, jadi ku anjeunna dikirimkeun. Ti harita nepi ka ayeuna, mugia dugi ka engké, kuring jadi sering nulis sajak.
            Lamun kuring nu asalna teu bisa jadi biasa, tangtu rerencangan sadayana ogé bisa. Dina widang naon waé. Mun keyeng mah insya Alloh pareng. Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar