Teu hayang.
Celengkeung deui sora handaruan meupeus
kakeuheul. Si mamah nu bisaan ngolo téh. Keur kumaha baé kaayaan kuring, anjeunna
mah bisa ngigelan rasa haté kuring. Siga ayeuna, nu keur keuheul awahing
dipapaksa kudu ngajar. Ari guru téa, euy, lain tukang ngayam bilik atawa
palika. Kasebut guru mah, di lembur kuring, tata-titi basa matak gumati, réngkak
paripolah kudu dialah. Saeutik codéka goréng salilana. Teu siga garong nu bisa
ingsap tur bisa hirup kumbuh deui sabihara-bihari. Teu gableg cedo kasebutna
ari guru gawé cidra mah, cenah. Siga Kang Mumin ku kapaksa kudu ingkah sanajan
karék sabulan ngajar di SD lembur kuring, teu pira pédah ngomong anjing basa titajong
kana batu hareupeun ibu-ibu nu keur silisiaran. Tuh, maenya teu meunang nyebut
anjing? Padahal aya bungkeuleukanana. Teu nyebut innalillahi atawa astagfirulloh
sakali mah cik atuh. Si Entang nu sutan-setan sapopoé gé taya nu nyaram. Pédah
guru nu ngomongna? Tah! Éta salasahijina alesan kuring teu hayang jadi guru,
saeutik kosakecapna!
Éta ogé dipisérab ku urang lembur mah,
malah teu kudu mirun seuneu ogé cipanas keur kopi-kopi waé mah sok nyampak. Kitu
téh wuwuh beuleum sampeuna. Atuh pabeubeurang mangsa mépés késang, datang ka
imah téh dipapag citiis dina kendi. Kétang, éta ogé nu lalagasan kénéh. Pareng
solawatan dina peuting jumaah, sakadang guru mah sok diheulakeun tuangna. Éh,
bareng kétang jeung nu mupuhuan du’a. Nu lian mah kapan berekah kabagéan hulu
asin ogé.
Si mamah neuteup. Éta gé pédah kuring
maling teuteup da titatadi ngan tungkul baé. Tungkul téh lain siga bolon nu
diwarah ku kolotna, tapi nahan amarah nu méh paburisat. Sajongjongan mah hayang
nakol si bapa nu teu ngarti kahayang kuring.
“Keur naon atuh sakola luhur-luhur ari
teu kapaké mah?” saurna. Ah! Ari teu kahatéan mah sakola hukum gé tungtungna
mah aya nu jadi tukang ngoméan lédeng. Kacipta mun ku kuring diomongkeun.
“Hoyongna kumaha atuh Ujang téh?” si
mamah mariksa ogé.
Kuring tungkul kénéh. Si mamah ngusap
peupeuteuyan barung kanyaah nu leleb.
“Hayang di kota? Hah? Rék jadi naon?” si
bapa ngocorkeun deui amarah.
Kuring teu wani némpas mun si bapa keur
norolang. Aya nu nyungkelit gé disidem dina ati wé, tara ieuh gelar. Kasieun
tangtu nyampak mun paréa-réa omong, sieun doraka téa mah, sieun jadi matak mah,
jeung nu deukeut mah sieun digaplok. Kapan teu meunang lin ngalawan kolot mah?
Paguneman teh ngan samet kitu poé harita
mah. Aéh, kamari géto ogé sarua, siga nu béak bahan caritaan. Padahal naon héséna
mun magunemkeun pulitik atawa harega nu térékél deui térékél deui. Ari
ngamimitian nyarita téh sok méngkol deui kadinya. Teuing kumaha catangna da si
bapa bisaan méngparkeun omongan.
Kuring jeung si bapa barina gé teu pati
deukeut, malah kuring dalit kénéh jeung si jablay ucing kameumeut. Tutas
ngobrol, si mamah sok nyampeurkeun si bapa bari teuing ngomongkeun naon.
Kuring, indit ka dapur mawa ucing tuluy ngerem manéh di kamer bari ngabudalkeun
katugenah. Sakapeung mah asa sato nu bisa surti téh, sok sanajan méong deui méong
deui ménta parab.
**
Paponpoé meujeuhna payus dipaké moyan.
Panyawah ti tadi kénéh geus arindit. Paré
usum celetu, hamo kaheuleut sapoé ogé ku patani mah. Keur resep-resepna nénjo
cenah. Nu lalar ka hareupeun imah ukur
pamuda-pamuda pangangguran nu taya gadag. Motor bahro patarik-tarik sora
knalpot ngagerung ngagebah récétna manuk nu cinutun dina dahan-dahan tangkal.
Hayam bikang nu kokotak waé kasimbeuh kekebul motor. Si belegug teh, mani taya
ras-rasan sada motor téh!
Kuring jongjon kénéh nyanghareupan
cikopi dibaturan udud. Hiji-hijina kaayaan nu matak nyugemakeun haté téh ngan
ieu-ieuna. Lian ti éta mah sangsara!
“Jang, mumuluk heula,” sora si mamah.
“Engké wé,” cekéng téh. Leungit harti
ilang dangiang atuh cikopi panas kasilih ku sangu mah!
Sawangan ngahaja dikencar ka alak paul,
nuturkeun haseup roko nu ngelun tuluy ngagibeg katoel angin hiliwir. Pikir digendir
sina iang ninggalkeun bantal nu pinuh ku dahdir. Nyawang mangsa nu meureun
kaanjang, kabayang sagala rupa nu salila ieu ngan aya dina kahayang. Meureun
teu kudu ngalamun ngahurun balung di dieu. Gawé kapaké, gajih teu jadi rerewih.
Hirup cukup hurip lantip. Beu, kahayang geus nepi ka bulan, ari awak ngarengkol
kénéh. Garo-garo teu ateul tungtungna mah.
“Hoyongna kumaha atuh?” si mamah mariksa
deui. Udud nu tinggal puntung didedetkeun kana asbak.
“Pokona mah tong jadi guru. Titik!”
“Naha? Ieuh, kacida mulyana jadi guru téh.
Sugan wé kaangkat atuh darajat kulawarga urang téh.”
Kuring olohok ngadéngé caritaan si
mamah. Heuheuy, enya kitu? Kuring wani taruhan nu ngangkat darajat mah iwal ti
hiji, duit, dua duit, tilu duit. Jadi guru gé ari balangsak mah tetep wé
ngantay miharep kartu miskin. Mun geus kitu naon bédana jeung tukang ngala
suluh? Atawa purah ditutah-titah? Guru mah hésé néangan lolongkrang niat
curaling. Bati ngajualan buku bari maksa ogé ngan cukup maseuhan tikoro, teu
nepi kana beuteung. Maenya digajih leutik tapi élmu dina uteuk nu sakitu mahalna
dimurah-maréh, kacida teuing! Bet éléh ku nu baramaén, ngan modal dampal
leungeun sapoe meunang limapuluh réwu! Pasualanna lain rido atawa henteu, tapi
ajén. Piraku cabé sakintal dibayar lima rébu perak? Peurih!
“Kaangkat kumaha, Mah?” kuring hayang
nyaho sawangan si mamah.
“Enya, urang téh bakal dipihormat, moal
aya nu ngajejeléh.” Kuring weléh teu ngarti.
Naha si mamah tara nongton tipi kitu, di
dayeuh, dina sinetron, jihat nu ditingalikeun tina guru teh belegug, boloho. Moal
lila gé pikiran kitu téh bakal nepi ka lembur. Urang lembur ayeuna téa hayang sagala
kota. Hayang jadi masarakat madani cenah. Hayang katempo teu kuuleun mun
anjang-anjangan ka kota, béh dituna hayang jadi urang kota. Baréto onaman urang
lembur pengkuh kana adatna, ayeuna mah kapan di Baduy gé geus rada ngota. Komo
ieu lembur téh lain Kanékés!
“Teu kahatean,” ngan sakitu nu kedal.
“Ih, jalankeun wé heula. Alah biasa sabab
dipaksa, pan?”
Kuring ukur gideug.
“Atuh naon bédana Ujang jeung si Entang,
si Janu ari kitu mah?”
Har, nya béda atuh! Kuring mah lulusan
Jurnalistik, si Entang jeung si Janu mah ngan samet ngalamot bangku SD ogé. Écés
pan? Maenya disaruakeun. Capé atuh sakola saluhur-luhur ngan disaruakeun jeung
tukang ngangon.
Padahal kahayang mah teu gedé, ngan hayang
nyiar cabak di kota. Kagok, bubuhan tileuleutik jauh ti kolot ayeuna asa salah
cagap pédah saimah. Geus biasa ieuh teu disimbutan kanyaah si mamah,
ditangtayungan raga si bapa. Ngan nya ari si bapa mah keukeuh sangkan kuring
cicing di lembur, teuing honeng pédah tiluwelas taun teu saimah teuing pedah si
bapa nu umurna tunggang gunung kudu dibaturan. Kuring ogé can bisa nangtukeun léngkah
ka hareup mun ulukuted di lembur. Éta ogé lain teu hayang, ngan hawa kota
sanajan pinuh kokotor gé geus nyaliara.
Mun seug di kota tempat baheula kuring
kuliah aya pagawéan, meureun poé ieu moal aya di dieu, lembur singkur mandala
singkah. Orokaya, geus sabaraha puluh lamaran asup ka pausahaan-pausahaan hiji
ogé taya nu nyanggut. Acan kétang, piraku ari euweuh mah.
Kereteg
haté geus masagi rék bubuara di lembur batur, katambah haté mah aya waé di
ditu. Sakumaha baé ogé heurasna pamadegan si bapa, kuring keukeuh kudu nurut
kahayang sorangan. Hayang néang pagawéan ingkig sorangan, capé sorangan,
sangkan kuring reueus ku hasil késang sorangan. Usum kénéh kitu parapagawé
ngasupkeun kulawargana ka kantor tempat digawéna? Ningali bangsa urang kieu kénéh
mah, enya, meureun. Sukur ari becus, da ninggang teu belulna matak ngarugikeun
batur. Maenya deuih kuring nambahan ngarurucah nagara nu keur meujeuh sagala
samporét?
“Émutan deui nya sing tenget, nya?” pok
si mamah bari ngusap sirah.
Kuring ngaluarkeun deui roko sabatang
tuluy diseungeut. Nu balawiri ngan barudak SD nu kakara balik ti sakolana.
**
Mun ningali deui buku-buku catetan
baheula jaman SD kuring sok seuri sorangan. Ngumbar lamunan mangsa irung kacocok
lého, beuheung pinuh ku daki, atawa suku nu bonténgeun. Mun ningali karét
geulang minuhan leungeun, si bapa sok narik dua siki tuluy dijeprétkeun. Peureus.
Geus kitu bagéan si mamah nu ngupahan. Kahéman si mamah nu natrat dina haté
hamo ilang. Tug nepi ka kiwari umur lima likur kanyaahna teu kendat-kendat. Rajeun
pajauh, tapi kanyaah indung ka anak teu unggut kalinduan. Basa mimiti
ninggalkeun si mamah, harita téh rék sakola di lembur mang Handi, si mamah méh
gogoakan semu beurat papisah jeung kuring.
Ceuk si bapa mah kuring budak baong. Teuing
kumaha patokan si bapa nu disebut baong téh. Piraku ari gelut ngabéla ucing nu
dibabukan kaasup baong? Atawa ngababuk sirah mang Suéb ku panakol kohkol sabab
manéhna nyebut si mamah ungkluk disebut baong? Teuing ah!
Lembur nu
baheula éndah kiwari geus robah. Tatangkalan sisi jalan jeung rupa-rupa sato di
leuweung ayeuna mah tinggal waasna. Geus taya paninggaran nu baheula disebut
jawara kahot, taya huma nu cenah tatanén pituin sélér urang. Matak
pikateubetaheun.
Pon kitu
ogé pola pikir urang lembur ayeuna geus robah. Aya mangpaatna éta gé, tapi teu
saeutik mudaratna. Pola pikir nu atah, kagok, kota henteu lembur geus teu
merenah. Sagala rupa nu dipaké sapopoé, ayeuna mah kudu ngota. Ti mimiti
kadaharan nepi ka baju nu nyangsang na awak. Leuheung mun kabedag, da loba nu bébéakan
sagala dijual.
Pikeun
kuring, ah, kop téh teuing! Nu matak keukeuh hayang di kota téh kieu. Di lembur
gé pikiranana mah hayang dayeuh, naon héséna sakalian cicing di kota!
Hiji poé
kuring digeroan ku si bapa.
“Diuk. Ayeuna
mah pamungkas wé ti bapa mah. Kahayang nu sabenerna kumaha Ujang téh? Teu betah
cicing di lembur sorangan?” Sidik si bapa téh apaleun, na maké tatanya.
“Pasualanana
sanés betah teu betah, Pa. Tapi, bisa sareng teu bisana. Naon atuh pelajaran nu
pantes diajarkeun ku abdi? Da mun di sakola diajarkeun jadi wartawan, mangga téh
teuing. Kapanan teu aya...”
“Éta mah
bisa diusahakeun,” si bapa motong, “Loba ieuh guru nu ngajar lain pelajaran nu
disuprih keur kuliahna.”
“Tah éta,
Pa,” kuring ngawani-wanikeun maneh,”Numatak kualitas atikan di urang kacida
tinggaleunana téh salahsahijina sabab éta. Seueur guru nu ngajar pelajaran bari
manéhna sorangan teu pati apal kana pelajaranana. Enya oge tiasa bari dijalankeun,
ngan tangtos moal timus upami sangu mah.”
“Nyaho timana manéh? Geuning loba nu
junun?” Pasemon si bapa semu ambek.
“Enya pan sanggem Ujang gé seueur,
henteu ari sadayana mah. Da seueur nu junun alatan kulawarga atanapi
lingkunganna, sanés ti sakolana. Sakola di urang mah seueur kénéh nu nganggap
sakadar butuh salembar kertas kanggo ngalamar. Éta gé teu lepat, da ahirna mah éta
nu dijugjug. Mung kumargi teu timus téa janten di urang mah kualitas pagawé téh
angger we kitu teu undak-undak. Bapa gé uninga panginten cék berita bangsa
urang mah tinggaleun utamana dina kaélmuan.” Asa kaasupan jurig kuring nyarita
kitu.
“Éta mah
lain salah guru atuh, budakna wé nu teu ngarti.”
Kuring
ngarénghap panjang.
“Tiasa waé.
Kunaon atuh budakna teu ngarti? Kapan tiasa waé alatan guruna nu teu masagi élmuna
atanapi cara ngadugikeunana nu lepat...”
“Manéh téh
nyalahkeun guru-guru manéh atuh kitu mah?”
Gunem
catur geus rada ngalantur. Tapi si bapa siga nu panasaran pédah kuring (kakara)
nyarita siga kitu. Dukating nyoba atawa mémang si bapa keukeuh kana kapalayna.
“Henteu.
Malah Ujang mah untung tiasa sakola dugi ka paguron luhur. Éta téh kumargi kapungkur
dijurung rojong ku guru-guru Ujang, dugi ka Ujang maksa ka bapa Ujang kudu
kuliah. Tapi si Entang nu baheula sok juara kelas geuning samet kelas opat. Teu
kedah madungdengkeun pasualan ékonomi da abdi mah yakin sabenerna masarakat urang
mampuh nyakolakeun anakna dugi ka SMA waé mah. Mung kasadaran nu janten
pasualan. Upami dicukcruk galurna mah panginten alatan teu merenah diajarna.”
Kagok asong kuring cacarita. Keun baé teu nyambung ogé, nu penting mah hayang
mudalkeun eusi haté.
“Geus.
Karep manéh wé ayeuna mah.”
Ti harita
si bapa tara tatanya pasualan éta. Tara nanya kétang, ari teu penting-penting teuing
mah. Taya basa-basi nu ilahar. Enya ogé teu pikalucueun, ayeuna mah geus taya bojég.
Jungkrang asa beuki longkéwang antara kuring jeung si bapa, kakaitan budak
jeung nu jadi bapana méh teu karasa aya. Ngan si mamah nu angger téh.
Haté
ngarasa simpé ayeuna mah. Simpé kanyaah, simpé paliré ti si bapa utamana. Kaayaan
di imah teu béda jeung lembur nu kakara didatangan. Cagap asa beuki salah, sakalieun paadu teuteup jeung si bapa sok
langsung ngabalieur. Sabenerna si mamah apal, ngan teu wasa mudalkeun kekecapan
ka si bapa nu pamadeganana geus ngagurat batu.
Ayeuna
kuring sok nyorangan di kamer atawa di Cisawér, wahangan tempat pangulinan
baheula. Indit isuk balik soré, teu sirikna pagawé kantor. Mun kongas mah
sajungjungeun hayang ingkah harita kénéh ti lembur, ngan orokaya kapanan keur
udud sapopoé ogé sok nyocéng tina bungkus roko si bapa. Bet kapikiran teu
hayang digawé ayeuna mah, geus horéam mikiran itu-ieu jeung sanggeuk ungkag-ingkig.
Ningali
polah kuring nu kitu, si mamah sok ngangluh. Lingsem pédah anakna nu sarjana
teu baranggawé. Éra ku tatangga majar anak nu pangdipikanyaahna nepi ka poé ieu
can bisa makaya dirina sorangan. Beu, sugan téh lulus kuliah bakal
pitingtrimeun. Horénganan pasualan kahirupan nu sabenerna kakara dimimitian.
**
“Barudak, eusian LKS-na. Bapa aya rapat
di kantor dinas.” Kuring mérésan buku nu patulayah dina méja. Sanggeus rada
jauh ti kelas, hawar-hawar kadéngé barudak sarurak.
***réngsé***
Webi Alisan
Pagelaran, 3 Méi 2007