2014, taun nu ditunggu ku sakur 'poli tikus' di ieu nagri. Padungdung tarung geus munggaran ti wangkid ieu. Siliségag, silisurung, silitalipak, geus jadi bahan warta sapopoé. Angkat-jungjung tokoh ieu bari ngadedetkeun tokoh séjén, moal boa ngeusi televisi di unggal wanci. Kajeueung ti ayeuna ogé, saha nu hayang jadi présidén, asal jadi menteri, anggota DPR 'nu mulya', atawa jadi papayung séjén nu nyangking kakawasaan.
Kakawasaan minangka hiji barang nu diparebutkeun. Di ieu nagri tangtuna. Teu sirikna kokoro manggih mulud nyanghareupan 2014 téh. Heueuh ari kituna mah saha nu teu hayang jadi pajabat, duit di saban rénghap, pagawéan cukup dibikeun ka batur bari manéhna mah geus meunang persénan, sakali néken sakitueun kandelna amplop. Lah, boa uing ogé hayang.
Leuheung mun marebutkeunna téh maké jalan bener. Da ieu mah sagala cara halal, tohtohan hayang meunang korsi. Ngajualan jangji ka rahayat, mun kuring jadi pamingpin, bakal ieu bakal kitu. Dina prakna mah, lah, hayang seuri puguh gé. Jadi taya gunana hukum agama téh. Heueuh, pan mun ngawadul téh cirining jalma munapék, lin? Keun lah, éta mah urusan manéhna geus nu Mahakawasa. Ngan ninggang nu jadi korbanna rahayat, tah ieu nu jadi pasualan.
Ngawanohkeun diri hayang jadi pamingpin, pikeun sabagian calon, cukup masang spanduk di saban tempat. Teu bohong pan? Pék bandungan taun 2013 ahir, beu, di sisi jalan téh siga étalaseu. Pagedé-gedé, paalus-alus, pokona mah "Yeuh, pilih uing mun rahayat hayang raharja!" Aya nu leuwih alus tinimbang ngawanohkeun ngaliwatan spanduk, nya éta ku cara gawé pikeun karaharjan rahayat. Némbongkeun hasil pagawéan sigana alus tinimbang seuri bari meureupkeun leungeun dina spanduk. Da geus pada apal rahayat mah, sok sanajan diwadulan waé, nu kumaha pamingpin spanduk jeung pamingpin nu bener. Lir géng motor nu ngaranna hayang katémbong, curat-corét dina témbok. Kitu ogé pamingpin nu hayang 'éksis' bari pagawéanna mah, palias, najis!!
Alusna mah, jadi nambahan rejeki pikeun tukang spanduk. Ngan nu jadi korban tina spanduk, teu kaitung jumlahna. Da pikeun manéhna mah, teu sapira ngaluarkeun 25.000/meter pikeun spanduk kali sakitueun. Ngan, cik pikir, naha cukup ukur dina spanduk jangji téh? Mun kitu, geus wé duit gajihna ogé dicetak dina spanduk!! Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar