Sabtu, 25 Agustus 2012

Pamingpin Spanduk

2014, taun nu ditunggu ku sakur 'poli tikus' di ieu nagri. Padungdung tarung geus munggaran ti wangkid ieu. Siliségag, silisurung, silitalipak, geus jadi bahan warta sapopoé. Angkat-jungjung tokoh ieu bari ngadedetkeun tokoh séjén, moal boa ngeusi televisi di unggal wanci. Kajeueung ti ayeuna ogé, saha nu hayang jadi présidén, asal jadi menteri, anggota DPR 'nu mulya', atawa jadi papayung séjén nu nyangking kakawasaan.
Kakawasaan minangka hiji barang nu diparebutkeun. Di ieu nagri tangtuna. Teu sirikna kokoro manggih mulud nyanghareupan 2014 téh. Heueuh ari kituna mah saha nu teu hayang jadi pajabat, duit di saban rénghap, pagawéan cukup dibikeun ka batur bari manéhna mah geus meunang persénan, sakali néken sakitueun kandelna amplop. Lah, boa uing ogé hayang.
Leuheung mun marebutkeunna téh maké jalan bener. Da ieu mah sagala cara halal, tohtohan hayang meunang korsi. Ngajualan jangji ka rahayat, mun kuring jadi pamingpin, bakal ieu bakal kitu. Dina prakna mah, lah, hayang seuri puguh gé. Jadi taya gunana hukum agama téh. Heueuh, pan mun ngawadul téh cirining jalma munapék, lin? Keun lah, éta mah urusan manéhna geus nu Mahakawasa. Ngan ninggang nu jadi korbanna rahayat, tah ieu nu jadi pasualan.
Ngawanohkeun diri hayang jadi pamingpin, pikeun sabagian calon, cukup masang spanduk di saban tempat. Teu bohong pan? Pék bandungan taun 2013 ahir, beu, di sisi jalan téh siga étalaseu. Pagedé-gedé, paalus-alus, pokona mah "Yeuh, pilih uing mun rahayat hayang raharja!" Aya nu leuwih alus tinimbang ngawanohkeun ngaliwatan spanduk, nya éta ku cara gawé pikeun karaharjan rahayat. Némbongkeun hasil pagawéan sigana alus tinimbang seuri bari meureupkeun leungeun dina spanduk. Da geus pada apal rahayat mah, sok sanajan diwadulan waé, nu kumaha pamingpin spanduk jeung pamingpin nu bener. Lir géng motor nu ngaranna hayang katémbong, curat-corét dina témbok. Kitu ogé pamingpin nu hayang 'éksis' bari pagawéanna mah, palias, najis!!
Alusna mah, jadi nambahan rejeki pikeun tukang spanduk. Ngan nu jadi korban tina spanduk, teu kaitung jumlahna. Da pikeun manéhna mah, teu sapira ngaluarkeun 25.000/meter pikeun spanduk kali sakitueun. Ngan, cik pikir, naha cukup ukur dina spanduk jangji téh? Mun kitu, geus wé duit gajihna ogé dicetak dina spanduk!! Cag.

Sabtu, 11 Agustus 2012

Emas

Olimpiade London 2012 lekasan (sahenteuna pikeun atlit Indonésia) nu ngan ngirimkeun 22 urang. Salapan di antarana atlit badminton, anu ceuk saréréa mah meunang medali. Tina 200 juta leuwih ngan ngirimkeun 22 urang? Naon nu jadi alatan? Pédah teu lulus kualifikasi? Mun alesanna éta, wajar da kasempetan pikeun lulus ogé tara dibéré. Mun alesanana waragad alias duit, tah ieu nu kacida mah. 
Sok nyumput tukangeun anggaran ari pamaréntah urang. Magarkeun téh, "Anggaran kita tidak cukup." Ceuk kuring,"Cukup!" Cukup pikeun ngirimkeun atlit sabaraha waé ogé jumlahna. Kahatur ka para koruptor, cik sing sadar, daripada dipaké keur soranganeun anu pamustunganana geus pada-pada apal:naraka, cik mun dipaké keur hal-hal anu mangpaat. Da ari alus mah pan para pajabat ogé bakal kasebut. 
Jeroning atlit urang tandang di ditu, para pajabat mah jongjon ngorékan anggaran jang lebaran (kulawargana). Ti mana yeuh jang meuli baju anyar? mobil anyar? Heuh, mun kitu mah nepi ka iraha waé ogé préstasi olahraga urang moal aya undakna.
Ahirna mah badminton ogé manggapulia, diwiwirang ku Cina. Komo ngabandungan nu "badminton gajah", jadi hayang nyabok nu boga ideuna. Mun kuduna éléh mah nya teu nanaon, tapi sanggeus bajoang bébéakan. Na da ari ieu mah, stratégi cenah. Stratégi waduk! Untung katohyan, nu ahirna pamaén urang sina mulang ti London. Coba mun teu kanyahoan, ihh, bararaid. 
Aya saeutik kareueus basa angkat besi nyumbangkeun pérak jeung perunggu. Barang nempo berita tempat latihanana, euhm, karunya teuing. Nu ngokolakeunna singhoréng masarakat biasa nu boga kanyaah kana olahraga. Pamaréntah mah teuing dimana.
Tinggal tarékah ti pamaréntah, anu nyata tangtuna, kuma atuh carana sangkan olahraga urang téh punjul. Da ari masalah korupsi mah nagara urang téh pangpunjulna. Atawa para koruptor téh diingu ngarah nagara urang runtag? Olahraga gé nyusul ari kitu mah! Cag.