Selasa, 27 November 2012

Rakitan Lantip


Tina kabiasaan ngalampahkeun hal nu salah, ahirna dianggap bener. Loba nu kitu di nagara urang mah. Contona mah teu kudu ditataan hiji-hiji. Nu korupsi wéh, tina asalna salah, aya nu dianggap bener. Ahirna, pagawéanana dianggap bener. Pon kitu ogé dina omongan. Nu cék tata basa mah salah, tapi ku sabab jadi kabiasaan, ahirna dianggap bener. Dina basa Sunda, aya rakitan lantip. Rakitan lantip maksudna nya éta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan maké dadasar kalantipan. Rakitan lantip mun dihartikeun ku sélér séjén mah matak salah harti nu bisa nimbulkeun karugian. Tapi pikeun di urang Sunda mah moal nepi ka kajadian salah paham, sanajan méngpar tina patokan basa. Ku kituna, biasana bisa kapapay téh taya lian kudu ku rasa. Tapi, sakali deui, ku sabab geus jadi kabiasaan, geus wé teu kudu disalahkeun. Di handap conto-conto rakitan lantip. Pék talungtik béh mana salahna.
1.    Bau nu meuleum lauk.
Katerangan: bau lauk anu keur dibeuleum, lain bau (minyak seungit) anu keur meuleum lauk.
2.    “Mun geus ngagolak, bapa pangnyiciankeun cikopi!” cék pa Amir ka anakna.
3.    Néng Nina keur meuleum peda, huluna tutung.
4.    Asép mah daharna ogé jeung hayam!
5.    Leutikan lampu téh!
6.    Béjana garong téh geus dibérésan!
7.    Gadobangkong mah atuh lembur kuring.
8.    Asa geus lila teu dahar jeung peda.
9.    Manéh geus ngasaan soto Madura can?
10.  Paingan ngeunah angeun Nyi Mimin mah, da ngolahna gé maké haté.
11.  Cik gedéan tipi téh!
12. Jang, cik pangmegatkeun mobil!

Aya kénéh nu séjén? Cag.

Senin, 26 November 2012

Purwakanti

Sendiri
sendiri ku diam
diam dan merenung
merenungkan jalan yang 'kan membawaku pergi
pergi tuk menjauh
menjauh darimu
darimu yang mulai berhenti
berhenti mencoba
mencoba untuk terus bersamaku
 (Cakra Khan - Harus Terpisah)

Lagu nu bieu keur meujeuhna sohor (sahenteuna waktu ieu cocorétan ditulis). Salian laguna easy listening cék nu resep lalaguan mah, ogé sora nu nyanyina halimpu. Mun Sandy Sondoro jeung Afgan diadumaniskeun, siga kitu leuwih kurangna mah. Jeung sigana, masarakat Indonésia geus mimiti mikaresep deui kawih-kawih pop nu lain saukur légég dina panggung. Kualitas di luhur éta.
Heup. Da lain rék ngagosip nu ngahaleuangkeunana. Asa inget cocorétan dina laptop ngeunaan purwakanti. Saliwat, harti purwakanti téh (purwa=mimiti) jeung (kanti=marengan). Jadi, marengan nu mimiti. Atawa bisa ogé paudag-udag sora. Ngarah naon? Nu pasti ngarah ngeunah ngadéngéna. Mun mapay raratan, perkara resep jeung henteuna urang Sunda kana purwakanti, keun. Bongan urang Sunda baheula mah teu pati wanoh kana ngaréka basa, ari lain pangaruh Jawa-Mataram mah. 
Cék tadi, purwakanti téh paudag-udag sora. Singhoréng, numutkeun M.A. Salmun mah, ahli basa Sunda, purwakanti téh aya salapan. Teu wungkul paudag-udag sora dina sapadalisan (baris). Geura urang tataan hiji-hijina:

1.      Pangluyu
Sora engangna  ditukang diluyukeun dina ungkara éta kénéh.
Conto :
            Burudul ti tebéh kidul (ul)
            Ti kampung para tumenggung (ung)
            Candakna angklung jeung degung (ung)
            Tingrariung tinglalimbung (ung)
            Nu jangkung nu alus tangtung (ung)
            Irung mancung kunis nanggung (ung)
            Geus tuman tarung padungdung (ung)

2.      Maduswara
Anu jadi poko dina gundukan ieu nyaeta paudag-udag sora. Upama dina kecap tiheula kana sora eu dina kecap anu pandeuri oge kana eu.
Conto : Kajeun balik ngaligincing ( i-i )
             Kajeun mulang ngalongkewang ( a-a )

3.      Cakraswara
Sora siga nu pacorok-corok atawa siga bulak-balik (cakra).
Conto : Mun teu ngakal moal ngakeul (a-a,a-eu)
             Mun teu ngarah moal ngarih (a-a,a-i)

4.      Laraspurwa
Aksara anu sarua dina engang mimiti tur kecapna patutur-tutur. Dina purwakanti ieu wianjana  (konsonan) ngan ukur jadi pangdeudeul, da anu pokona mah sora téa.
Conto : Huntuna gula gumantung (gu-gu)
             Taktakna taraje emas (ta-ta)
              Kamana kabogoh kuring (ka-ka-ku)

5.      Mindoankawit
Kecap anu mimiti dibalikan deui.
Conto : Nu hurung sariga layung,
             Nu herang sariga bentang.

Lamun dititénan deui dina kabeungharan sastra Sunda, purwakanti siga kieu téh aya oge anu dipitelu ( di tilu balikan ).
Conto : Matak tigulusur kutu,
             Matak tisorodot moyo,
             Matak tijalikeuh piteuk.

6.      Laraswekas
Méh sarua jeng pangluyu, tapi nu ieu mah teu kudu pasusul-susul dina ungkara éta-éta kénéh. Iketanana sok opat-opat atawa tikelanana.
Conto : Kuring teu puguh baraya,
             Ka nu gagah mundinglaya,
             Béjana di dieu aya,
             Keur perang jeung Suntenjaya.

Laraswekas aya oge anu iketanana opat-opat, tapi ngarakit dua-dua.
Conto :             Alus tangtung hadé laur (ur)
                        Langkoyang pangawak wayang (ang)
                        Matak guyur salembur (ur)
                        Réa bujang pada hayang (ang)

7.      Laras Madya
Anu murwakanti dina laras madya mah kecap nu aya di tengah, biasana sok nyakra.
Conto : Dipambrih harti teu mahi ( harti = i )
             Dipénta harta teu aya ( harta = a )

8.      Margaluyu
Purwakanti anu ieu mah pasambung-sambung kecap.
Conto :             Diri nu ngarasa isin,
                        Isin ku polah sorangan,
                        Sorangan rumaos ambon,
                        Ambon henteu kalayanan,
                        Kalayananan ku Agan,
                        Agan mah teu émut-émut,
                        Emutna ka nu sababad.

9.      Mindoanwekas
Sabalikna tina mindoan kawit, nyaeta kecap/engang pangtukangna sarua.
Conto : Mun urang loba pangarti ( ti )
             Sagala bakal kaharti ( ti )

Jadi, lagu Cakra Khan "Harus Terpisah" téh, ninggang kana purwakanti margaluyu dina basa Sunda.
Sumber: Kokoréhan tina buku-buku ngeunaan kasundaan. Tah, geuning basa Sunda téh sidik beunghar. Cenah. Cag.