Aing mah, Goblog!
Ku: Webi Alisan
Kudu. Ngarérét deui, ningali deui. Abong kéna bogoh. Tresna jeroning ati hamo bisa kasilih. Dalah dikumaha ogé aya kereteg haté nu kacida antebna mun ningali imut salira. Mun kongang mah hayang mudalkeun kahayang nu nyaliara dina raga. Mun kongas mah sajungjungan hayang mawa salira ka dunya kuring. Dunya kuring pikeun salira nu pinuh ku rupaning kembang. Nembangkeun kawih kaasih tur silih udag siga dina pilem Bollywood, atawa kokojayan bari silihsimbeuh di sagara cinta.
Tuh kekembangan nu mangkak, jukut nu ngemploh, pada-pada nganti urang, duaan. Panon poé tangtos ngagelenyu mun ningal urang silih réndéng nyacapkeun kaasih. Iraha atuh salira seja ngambah waruga jeung kuring. Kekembangan bisa maluguran, panonpoé tangtu nyumput tukangeun gunung, ngan kuring nu tigin nganti di gapura tresna.
“Duka atuh, baluweng.” Pok salira harita, dina surat, nepi ka kiwari.
Ngantos deui. Dugi ka iraha atuh, Eulis? Kuring mah lain Nabi Ayub, tapi kétang lain si Jaja nu teu wawuh kana kecap sabar. Dimana atuh kuring ngadeg? Ngantosan téh sanés gawé céték. Éstuning abot. Padahal mah salira kantun ngawaler : “Henteu.” Atanapi: “Saéna mah urang janten réréncangan wé.” Tangtu kuring ogé ngarumasakeun diri. Kuring tangtu bakal mundur, moal peupeuleukeuk keukeuh kana kahayang nu euweuh. Enya ogé ratug jajantung bakal rosa mireng salira sasaur kitu, meureun kuring kudu tumarima da ébréh salira taya kapalay hirup mungguhing kuring.
Talanjak kuring ka salira siga bihara-bihari mun urang teu ngajadi. Paralun mun dugi ka ceuceub mah. Saeutik geuleuh mah wajar kapan manusa dipasihan sipat ijid. Ulah pédah bumi salira nu adek sareng rorompok kuring jadi lalangsé salira seja nolak cinta kuring. Teu kudu sieun teu akur jeung tatangga. Ulah lingsem béh dituna wedi bakal aya jungkrang diantara urang. Kantun pok.
Wengi tadi, Eulis, kuring ngimpi salira naros ka kuring: “Kang Is bogoh teu ka kuring?” euhm, sanggem kuring téh teu kedah naros kitu. Sanajan béntang nyuuh na lahunan, tambih candra nu tos kateureuy, kuring mah seja pisan. Tapi salira teu kantos ngadangu walonan kuring, da salira kabujeng ingkah siga aya nu ngagentraan ti tukangeun kuring. Salira téh angkat mujeng datangna sora. Anéh, kuring teu bisa ngalieuk. Saha anu nyauran salira téh? Si Kohar anak bandar lauk? Ah, pan kuring gé engeuh salira mah cua pisan ka manéhna. Mugia sanés Kang Jamal guru SMA nu sarwa cinta ka salira. Éh, naha salira téh saenyana mihéman Kang Jamal? Eulis, upami dibudalkeun mah Kang, ah, Si Jamal téh kantos ngagadabah urang Ciendog. Pindah kadieu sotéh pédah sieun dititah mihukum awéwéna nu geus bureuyeung. Kuring gé apal ti manéhna sorangan basa néangan indekos di dieu. Eulis ogé uninga panginten, naha kolotna teu kungsi nepungan. Peupeujeuh kuring mah, dina enyana salira henteu jeung kuring, teu méréan haté téh mun jeung Si Jamal.
Tapi, nepi ka beuntana, kuring téh teu apal saha tukangeun kuring. Sidik ari sorana mah lalaki. Jeung asa-asa apal. Ah, kuring téh geuwat nyinglarkeun kapanasaran. Da impénan mah ukur kembang saré. Mun enya ogé éta téh totondén, tina sarébu ngan hiji.
**
Kiwari Eulis remen amengan ka rorompok. Duh, bagja diri. Kuring jadi betah. Biasana ogé pan kuring mah di rorompok téh ngan muru dapur wungkul. Si Ema ogé hélokeun ku sipat kuring. Anjeunna mireungeuh, yén kuring boga rasa ka salira. Wani sumpah kuring mah, da si Ema sok imut mun kuring keur nyérangkeun salira. Salira ogé sok imut mun kuring katohyan ningali. Mun geus kitu, kuring sok samar polah. Kapan kamari mah ngadagor panto. Eulis, tingal atuh cocoba kuring sangkan jadi jeung salira, tidagor kana panto. Nepi ka A Cépi, lanceuk kuring, nyebut ka kuring téh keur gering. Teu nanaon barina ogé disebut kitu, da kapan ébréh kuring téh kagégéloan ku salira.
Demi Eulis ka rorompok téh sok ngobrol jeung si Ema. Meni uplek siga babaturan nu anyar panggih deui. Kuring nyutat, jam sakieu salira sumping, jam sakitu salira mulang. Komo mun peuting ahad, atawa mun pareng sakola libur, sok dugi ka wengi salira ngobrol téh. Duka ari nu diobrolkeun mah, da kuring teu wani nguping sieun kanyahoan. Kuring gé éra mun naros ka si Ema, sieun diheureuyan. Kuring téa teu kaop dioconan, mun teu murang-maring tangtuna ogé euceuy ari beungeut-beungeut waé mah.
Mun inget basa munggaran urang patepang, geuning basa salira ménta dibantuan ngangkat lomari baju, harita salira imut ngagelenyu ka kuring. Tah, Eulis, ti mimiti harita pisan kuring téh aya rasa. Mimiti harita haté rongkah. Basa salira mundut kuring sangkan ngaganti kenténg nu bocor, salira apan naros ka kuring naha aya nu ambek mun kuring diririweuh ku salira? Salira mah meni merenah mun nyarita téh, éstuning matak tigurawil bajing. Abong kéna dipapatah ku basa merenah dididik ku pangarti nu tarapti, haté téh asa ngalayang di awang-awang. Tah, Eulis, daék kékédna ogé kuring mah bogoh ka salira.
Kungsi harita kuring pakia-kia jeung si Aa, pédah kuring mah teu sakola sedengkeun salira mah réngking hiji waé di sakola. Si Aa harita nyeungseurikeun kuring cénah kuring mah ngimpi ngajul béntang ku asiwung. Cék kuring téh paduli teuing, da cinta mah teu mandang sakola. Cinta mah urusan haté, lain urusan sakola. Malah ku kuring mah si Aa téh disebut timburu pédah kuring bogoh ka salira. Kawas taya bikang di kampusna!
“Ngaca atuh, Jang,” cék si Aa,”maenya awéwéna SMA lalakina SMP ogé opat taun.”
“Baé atuh, sirik.”
“Yeuh, boa di sakolana geus bogaeun kabogoh nu nyakola, nu kasép, nu perlénté, nu leuwih ti manéh.”
“Ah, moal. Buktina sok imut ka kuring. Éta téh bukti yén manehna bogoh ka kuring.”
Si Aa kalah nyakakak. Ngeunah adina balangsak.
Salira panuju kana pamadegan kuring? Kuring mémang tacan nyaritakeun hal ieu ka salira, tapi salira ogé surti panginten kuring gaduh pamikiran sarupa kitu? keun baé si Aa mah, da jelemana hampuraeun.
Cinta mah kapan teu kudu sakola, da geus aya ti dituna. Nepi ka iraha baé, moal aya Sekolah Menengah Cinta Pertama atawa Sekolah Menengah Cinta Umum komo Sekolah Menengah Kejuruan Cinta mah! Di sakola-sakola luhur ogé kapan taya jurusanana. Jadi, galib baé mun kuring bogoh ka salira, sanajan sakola kuring ngan samet SMP. Ngan, Eulis, dugi ka iraha kuring kudu nganti jawaban nu pasti ti salira.
**
Si Aa ayeuna mah jadi sering di rorompok. Kabuktian ayeuna mah, si Aa timburu. Palangsiang si Aa gé aya rasa ka salira. Enya ogé alesanana mah keur libur UTS, tapi da ilaharna ogé tara liburan di rorompok. Mun teu ka gunung, tangtu baé babantu bapa di béngkél. Tara ieuh sapopoé cicing di rorompok bari teu baranggawé.
Kuring ngarasa jadi aya saingan ayeuna mah. Kuring jadi aya kasieun. Sieun si Aa nyarita cinta ka salira. Jauhna mah sieun salira ngajadi jeung si Aa. Najan umur heuleut genep taun, kuring cadu perlaya. Teu narima ari kudu éléh komo ngéléhan. Paduli lanceuk sorangan. Babarayaan simpen heula dina laci mun keur kieu mah.
Geura pok atuh, Eulis. Sangkan rérégan nu jadi hahalang sirna. Sangkan gula ngahiji sareng peueutna. Sangkan kuring teu kudu deui susulumputan ningali béntang nu aya na soca salira. Sangkan éta imut kapimilik. Sangkan si Aa teu norowéco waé siga béo nu tara diwaro.
Si Aa mah wantéran gunem catur jeung salira. Kuring jadi panas haté. Napsu geus teu kapegung, amarah méh-méhan teu kawadahan. Kekerot téh enyaan. Peureup geus dibuleud-buleud. Seuneu geus ngarérab sirah. Tuh geura, seuseurian. Si Jadol téh lain ngadukung, kalahka nyalip ti kénca. Boa enya si Atah Adol téh geus nyatakeun. Moal enya nangtang ijén kitu? Kieu carana mah nyolok mata buncelik. Teu gableg kinten-kinten!
Kuring lain teu wani gunem catur jeung salira, éstuning kasieun téh minuhan raga. Sieun salah pok, sieun léngkah teu merenah. Kasawang mun pédah kuring salah cumarita urang jadi pajauh, teu ngajadi. Palias! Salira mah kapanan widadari nu kudu diagung-agung, piraku ari kuring kudu nyarita basa loma mah. Éta ogé bisa ari maksa kudu maké tatabasa, ngan sieun heurin ku létah pédah sapopoé cicing di terminal. Kumaha mun kalepasan nyarita nu garihal. Salira kantos panginten amengan ka terminal? Geura tilik, kumaha ngawangkongna. Ngobrol téh kapan jeung anjing, haharéwosan jeung bagong, malihan mah silih gonjak jeung jurig. Teu diajarkeun tata titi basa kuring mah, eh, puguh gé tara asup sakola kétang. Enya lah, pokona mah sieun.
Ahad payun aya golek di kampung peuntas. Babaturan mah geus pada-pada boga pasangan. Nu kabeneran boga jeung nu ngahaja neangan heula, kabehanana tinggal ingkigna. Kuring? Leuh, mani gedé pisan kahayang sasarengan nongton jeung salira. Ari rek nanya da puguh sieun disangka itu-ieu, kapan bukti diantara urang téh aya lalangsé: babaturan ge biheung. Padahal mah kuring oge tinggal pok, ngan léngkah asa beurat komo letah mah. Kahoyong mah salira surti, basa si Aa norowéco payuneun salira ngeunaan eta pintonan. Si Aa mah teu resepeun nongton wayang ieuh, jeung kabeneran bentrok jeung pagelaran musik Napalm Death kameumeutna. Cék kuring mah si Aa nyilib, sangkan urang iang sasarengan. Basa kuring meredih bantuan si Aa sangkan pangajakkeun salira, si mangkeluk téh kalah nyarita: “Gableg sungut lin sia téh?” Beu! Pira ogé ménta bantuan sakitu.
Eulis, kumaha atuh? Geus nyidek kana ambek puguh. Maenya ari kuring kudu nulis surat deui mah, nandeskeun kumaha pamustunganana. Dina surat nu baheula gé kapan geus écés, yén kuring nganti waleran salira. Tapi, da ari lila teuing mah kasabaran nu ngahaja diwates téh bakal béak. Mangkaning golék téh énjing.
Aing mah, goblog! Naha salira bet nongton golék jeung si Nurustunjung?