Minggu, 30 Desember 2012

Basa Sunda jeung Ketak nu Diarudeng


Kaitung lawas kuring apal basa Sunda téh, ti mimiti inget aya di alam dunya. Basa indung téa éta téh, nu munggaran diwurukkeun ku indung ka anakna, munggaran diharéwoskeun kana ceuli kuring. Sahenteuna. Geus kaitung lawas ogé kuring diajar basa Sunda, di sakola, di lingkungan masarakat, jeung tempat-tempat séjénna. Pikeun kuring nu bibit buit tepiswiring, basa Sunda téh lain saukur basa komunikasi. Tapi, leuwih ti éta, basa rasa papada manusa. Di lembur kuring mah, berekah, can aya nu ngahaja atawa teu dihaja ngagunakeun basa séjénna dina hirup kumbuh iwal basa Sunda. Agul? Pisan! Keun baé ceuk batur saukur ngagugulung basa sorangan ogé, da maranéhna mah mo daék mireueus basa kuring.
Éta cenah basa kabogaan kuring mah teu bisa dipaké nulis istilah-istilah béh dieu? Téhnologi? Ékonomi? Keun baé, da naon héséna make basa kostana? Bongan taya basa di alam dunya nu teu kapangaruhan ku basa séjén. Jadi, sakali deui, kuring mah agul ku basa sorangan.  Mun geus kieu, sing saha baé nu rék numpurkeun, maenya kudu adu hareupan bari nyekel bedog?
Basa mah bakal leungit, musna, kari ngaranna. Kitu ceuk guru kuring. Loba kasang tukangna ku naon basa téh leungit. Kahiji, sakur nu ngagunakeunana maraot sapada harita. Bisa kitu? Bisa! Kadua, nu ngagunakeunana embung ngagunakeun deui. Bongan teu bisa nguntup kecap-kecap kosta nu saban poé datang, ahirna ngagunakeun basa séjén anu kosa kecapna leuwih loba tur ngabaru. Aya deui alesan séjén? Keun teundeun heula.
Ahir-ahir ieu bet rada harénghéng dédéngéan. Béja pabéja-béja, singhoréng ngeunaan basa kuring nu cenah rék dileungitkeun tina pangajaran di sakola. Kurikulum 2013 jejerna. Kurikulum anu cenah ngajawab tangtangan jaman, ngajawab kagimir masarakat duméh barudak sakola remen tawuran, jeung réa-réa alesan. Ngindung ka waktu mah kudu, da waktu mah pasanganana jeung parobahan. Ngan, robah ka béh manana, éta pasualanana. Robah jadi alus mah, panuju. Ngan ninggang kana mundur, kacida. Cenah muatan lokal dina kurikulum 2013 mah euweuh, nu aya téh mata pelajaran kelompok A jeung B. Kelompok A eusina pangajaran nu galibna aya, iwal Penjas jeung TIK di SMP mah. Seni Budaya cenah di kelompok B, ngaréndéng jeung Prakarya sarta Penjaskes. Heueuh, rada ngahuleng ogé. Ari basa Sunda dimana? Panasaran, nanyakeun ka nu diarudeng. Pokna téh, “Bisa diintergrasikan ke dalam Seni Budaya.” (apal lah manéhna téh urang Tasik). Diintegrasikan téh kumaha? Basa Sunda jadi panganteur pangajaran Seni Budaya? Atawa basa Sunda téh bagian tina pangajaran Seni Budaya? Rarasaan mah, basa jeung budaya téh dina Perda-na ogé béda. Kitu ogé seni. Ana ditalék kitu, lah, matak ateul peureup ngabandungan jawabanana téh.
Uji Publik Kurikulum 2013 masih dilaksanakeun, nu dina internet atawa pasamoan langsung di sababaraha tempat. Hasilna, teu nyugemakeun. Sok sanajan can diketok palu, ari kahariwang mah aya. Kumaha mun dina émprona bener-bener euweuh éta basa Sunda téh? Teu kudu nyaritakeun guru-guruna, tapi basa Sundana. Cacak diajarkeun di sakola ogé sakitu pihawatireun, komo mun henteu? Globalisasi ayeuna mah, Cép, basa nu kudu digunakeun téh basa Indonésia jeung Inggris. Basa daérah mah bisa diajarkeun ku kolot atawa tong ngandelkeun pamaréntah lah, ketak ti masarakatna wé. Rada gogodeg kuring téh, aya benerna. Benerna téh, globalisasi geus di lawang panto, boa geus asup ka imah. Ngan, ninggang di basa Sunda cukup diajarkeun di imah, sanggup kitu kolot ngajarkeun basa Sunda di imah, sagala rupana? Mun téa mah sanggup, keun. Pék tanya saurang-saurang, sakabupatén wéh, sanggup teu?
Nagara nu ahéng kasebutna, nu teu bisa ngajaga ajén luhung budayana. Kapanan ragem-rinéka Indonésia téh asal-muasalna mah tina budaya, seni, jeung basa daérah. Bhineka tunggal ika bilih teu uninga mah. Ku lobana budaya, basa, jeung seni di Indonésia, ngabalukarkeun Indonésia jadi nagara nu multi étnis, tapi ngahiji dina hiji beungkeutan. Mun salasahijina leungit (atawa ngahaja dileungitkeun), nu mana nu disebut Indonésia? Da sakanyaho kuring, dina Sumpah Pemuda nu katilu, menjunjung bahasa persatuan, bahasa Indonesia, lain berbahasa satu, bahasa Indonesia. Badé sakantenan ditambihan upami kitu mah: belajar satu bahasa global, bahasa Inggris. Moal nyumputkeun pereluna diajar basa deungeun (Inggris), tapi mun ku diajar basa Inggris tur poho purwadaksina, lah, muringkak bulu punduk!
Teu hariwang basa Sunda bakal leungit, da nu mihéman mah loba. Tapi, inget, mun basa teu dipaké (sabab teu diajarkeun), tungguan musnana. Mun kitu, aya meureun alesan séjén kunaon basa téh leungit: sabab pamaréntahna teu ngarojong kamekaran jeung kalanggengan basa daérah. Cag.


Selasa, 27 November 2012

Rakitan Lantip


Tina kabiasaan ngalampahkeun hal nu salah, ahirna dianggap bener. Loba nu kitu di nagara urang mah. Contona mah teu kudu ditataan hiji-hiji. Nu korupsi wéh, tina asalna salah, aya nu dianggap bener. Ahirna, pagawéanana dianggap bener. Pon kitu ogé dina omongan. Nu cék tata basa mah salah, tapi ku sabab jadi kabiasaan, ahirna dianggap bener. Dina basa Sunda, aya rakitan lantip. Rakitan lantip maksudna nya éta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan maké dadasar kalantipan. Rakitan lantip mun dihartikeun ku sélér séjén mah matak salah harti nu bisa nimbulkeun karugian. Tapi pikeun di urang Sunda mah moal nepi ka kajadian salah paham, sanajan méngpar tina patokan basa. Ku kituna, biasana bisa kapapay téh taya lian kudu ku rasa. Tapi, sakali deui, ku sabab geus jadi kabiasaan, geus wé teu kudu disalahkeun. Di handap conto-conto rakitan lantip. Pék talungtik béh mana salahna.
1.    Bau nu meuleum lauk.
Katerangan: bau lauk anu keur dibeuleum, lain bau (minyak seungit) anu keur meuleum lauk.
2.    “Mun geus ngagolak, bapa pangnyiciankeun cikopi!” cék pa Amir ka anakna.
3.    Néng Nina keur meuleum peda, huluna tutung.
4.    Asép mah daharna ogé jeung hayam!
5.    Leutikan lampu téh!
6.    Béjana garong téh geus dibérésan!
7.    Gadobangkong mah atuh lembur kuring.
8.    Asa geus lila teu dahar jeung peda.
9.    Manéh geus ngasaan soto Madura can?
10.  Paingan ngeunah angeun Nyi Mimin mah, da ngolahna gé maké haté.
11.  Cik gedéan tipi téh!
12. Jang, cik pangmegatkeun mobil!

Aya kénéh nu séjén? Cag.

Senin, 26 November 2012

Purwakanti

Sendiri
sendiri ku diam
diam dan merenung
merenungkan jalan yang 'kan membawaku pergi
pergi tuk menjauh
menjauh darimu
darimu yang mulai berhenti
berhenti mencoba
mencoba untuk terus bersamaku
 (Cakra Khan - Harus Terpisah)

Lagu nu bieu keur meujeuhna sohor (sahenteuna waktu ieu cocorétan ditulis). Salian laguna easy listening cék nu resep lalaguan mah, ogé sora nu nyanyina halimpu. Mun Sandy Sondoro jeung Afgan diadumaniskeun, siga kitu leuwih kurangna mah. Jeung sigana, masarakat Indonésia geus mimiti mikaresep deui kawih-kawih pop nu lain saukur légég dina panggung. Kualitas di luhur éta.
Heup. Da lain rék ngagosip nu ngahaleuangkeunana. Asa inget cocorétan dina laptop ngeunaan purwakanti. Saliwat, harti purwakanti téh (purwa=mimiti) jeung (kanti=marengan). Jadi, marengan nu mimiti. Atawa bisa ogé paudag-udag sora. Ngarah naon? Nu pasti ngarah ngeunah ngadéngéna. Mun mapay raratan, perkara resep jeung henteuna urang Sunda kana purwakanti, keun. Bongan urang Sunda baheula mah teu pati wanoh kana ngaréka basa, ari lain pangaruh Jawa-Mataram mah. 
Cék tadi, purwakanti téh paudag-udag sora. Singhoréng, numutkeun M.A. Salmun mah, ahli basa Sunda, purwakanti téh aya salapan. Teu wungkul paudag-udag sora dina sapadalisan (baris). Geura urang tataan hiji-hijina:

1.      Pangluyu
Sora engangna  ditukang diluyukeun dina ungkara éta kénéh.
Conto :
            Burudul ti tebéh kidul (ul)
            Ti kampung para tumenggung (ung)
            Candakna angklung jeung degung (ung)
            Tingrariung tinglalimbung (ung)
            Nu jangkung nu alus tangtung (ung)
            Irung mancung kunis nanggung (ung)
            Geus tuman tarung padungdung (ung)

2.      Maduswara
Anu jadi poko dina gundukan ieu nyaeta paudag-udag sora. Upama dina kecap tiheula kana sora eu dina kecap anu pandeuri oge kana eu.
Conto : Kajeun balik ngaligincing ( i-i )
             Kajeun mulang ngalongkewang ( a-a )

3.      Cakraswara
Sora siga nu pacorok-corok atawa siga bulak-balik (cakra).
Conto : Mun teu ngakal moal ngakeul (a-a,a-eu)
             Mun teu ngarah moal ngarih (a-a,a-i)

4.      Laraspurwa
Aksara anu sarua dina engang mimiti tur kecapna patutur-tutur. Dina purwakanti ieu wianjana  (konsonan) ngan ukur jadi pangdeudeul, da anu pokona mah sora téa.
Conto : Huntuna gula gumantung (gu-gu)
             Taktakna taraje emas (ta-ta)
              Kamana kabogoh kuring (ka-ka-ku)

5.      Mindoankawit
Kecap anu mimiti dibalikan deui.
Conto : Nu hurung sariga layung,
             Nu herang sariga bentang.

Lamun dititénan deui dina kabeungharan sastra Sunda, purwakanti siga kieu téh aya oge anu dipitelu ( di tilu balikan ).
Conto : Matak tigulusur kutu,
             Matak tisorodot moyo,
             Matak tijalikeuh piteuk.

6.      Laraswekas
Méh sarua jeng pangluyu, tapi nu ieu mah teu kudu pasusul-susul dina ungkara éta-éta kénéh. Iketanana sok opat-opat atawa tikelanana.
Conto : Kuring teu puguh baraya,
             Ka nu gagah mundinglaya,
             Béjana di dieu aya,
             Keur perang jeung Suntenjaya.

Laraswekas aya oge anu iketanana opat-opat, tapi ngarakit dua-dua.
Conto :             Alus tangtung hadé laur (ur)
                        Langkoyang pangawak wayang (ang)
                        Matak guyur salembur (ur)
                        Réa bujang pada hayang (ang)

7.      Laras Madya
Anu murwakanti dina laras madya mah kecap nu aya di tengah, biasana sok nyakra.
Conto : Dipambrih harti teu mahi ( harti = i )
             Dipénta harta teu aya ( harta = a )

8.      Margaluyu
Purwakanti anu ieu mah pasambung-sambung kecap.
Conto :             Diri nu ngarasa isin,
                        Isin ku polah sorangan,
                        Sorangan rumaos ambon,
                        Ambon henteu kalayanan,
                        Kalayananan ku Agan,
                        Agan mah teu émut-émut,
                        Emutna ka nu sababad.

9.      Mindoanwekas
Sabalikna tina mindoan kawit, nyaeta kecap/engang pangtukangna sarua.
Conto : Mun urang loba pangarti ( ti )
             Sagala bakal kaharti ( ti )

Jadi, lagu Cakra Khan "Harus Terpisah" téh, ninggang kana purwakanti margaluyu dina basa Sunda.
Sumber: Kokoréhan tina buku-buku ngeunaan kasundaan. Tah, geuning basa Sunda téh sidik beunghar. Cenah. Cag.