Sabtu, 07 September 2013

Rabu, 04 September 2013

CONTO (AWON) BIANTARA PATURAY TINEUNG

Assalamualaikum wr. wb
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapa, Ibu guru SD………….. seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana, paripaos téa mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, saréhna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapa sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapa sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanés kajabina nya éta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di téang, sanes lantung tambuh laku, sanés ketang tanpa béja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipaké carita nya éta para Ibu Bapa nitipkeun, nyérénkeun paraputra putri Ibu Bapa sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapa Ibu guru supados para putra putri Bapa sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pangajaran anu dugi ka danget ieu  6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos badé réngsé, kalayan mung sakitu kamampuh sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangpaatna, hususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo kulawarga, masyarakat, agama, nagara, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapa Ibu guru neda sihapuntenna boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapa sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihapuntenna, da sentak polototna bapa sinareng Ibu guru teh sanés keuheul atanapi ngéwa tapi bakat ku nyaah deudeuh ka nu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa réngséna diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, ngemut, nimbang sareng mutuskeun yén para putra putri Bapa ibu sadaya LULUS 100 %.
Para Ibu Bapa sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapa Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapa sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satétés, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapa sadaya kanggo salajengna ieu mah husus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tamba léngoh kalémpohan, tamba mulang ngalongkéwang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samérang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah étang-étang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos badé paturay, hidep bakal pisah, bakal pajauh. Kumargi kiti Bapa titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajaga diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hadé tata, hadé basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masarakat ka agama, bangsa sareng nagara.
Rupina kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu ………………. hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyéré pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapa sadayana sim kuring asmana Bapa Ibu Guru kalayan resmi mancén gawé ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapa sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, ogé dina basa-basina mung sakadar dirarampa, sugan kitu, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh éntép seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, bébér layar poé anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh aheratna.
Wassalamu’alaikum wr.wb.