Kaitung lawas kuring apal basa Sunda téh,
ti mimiti inget aya di alam dunya. Basa indung téa éta téh, nu munggaran
diwurukkeun ku indung ka anakna, munggaran diharéwoskeun kana ceuli kuring.
Sahenteuna. Geus kaitung lawas ogé kuring diajar basa Sunda, di sakola, di
lingkungan masarakat, jeung tempat-tempat séjénna. Pikeun kuring nu bibit buit
tepiswiring, basa Sunda téh lain saukur basa komunikasi. Tapi, leuwih ti éta,
basa rasa papada manusa. Di lembur kuring mah, berekah, can aya nu ngahaja
atawa teu dihaja ngagunakeun basa séjénna dina hirup kumbuh iwal basa Sunda.
Agul? Pisan! Keun baé ceuk batur saukur ngagugulung basa sorangan ogé, da
maranéhna mah mo daék mireueus basa kuring.
Éta cenah basa kabogaan kuring mah teu bisa
dipaké nulis istilah-istilah béh dieu? Téhnologi? Ékonomi? Keun baé, da naon
héséna make basa kostana? Bongan taya basa di alam dunya nu teu kapangaruhan ku
basa séjén. Jadi, sakali deui, kuring mah agul ku basa sorangan. Mun geus kieu, sing saha baé nu rék
numpurkeun, maenya kudu adu hareupan bari nyekel bedog?
Basa mah bakal leungit, musna, kari
ngaranna. Kitu ceuk guru kuring. Loba kasang tukangna ku naon basa téh leungit.
Kahiji, sakur nu ngagunakeunana maraot sapada harita. Bisa kitu? Bisa! Kadua,
nu ngagunakeunana embung ngagunakeun deui. Bongan teu bisa nguntup kecap-kecap
kosta nu saban poé datang, ahirna ngagunakeun basa séjén anu kosa kecapna
leuwih loba tur ngabaru. Aya deui alesan séjén? Keun teundeun heula.
Ahir-ahir ieu bet rada harénghéng
dédéngéan. Béja pabéja-béja, singhoréng ngeunaan basa kuring nu cenah rék
dileungitkeun tina pangajaran di sakola. Kurikulum 2013 jejerna. Kurikulum anu
cenah ngajawab tangtangan jaman, ngajawab kagimir masarakat duméh barudak
sakola remen tawuran, jeung réa-réa alesan. Ngindung ka waktu mah kudu, da
waktu mah pasanganana jeung parobahan. Ngan, robah ka béh manana, éta
pasualanana. Robah jadi alus mah, panuju. Ngan ninggang kana mundur, kacida. Cenah
muatan lokal dina kurikulum 2013 mah euweuh, nu aya téh mata pelajaran kelompok
A jeung B. Kelompok A eusina pangajaran nu galibna aya, iwal Penjas jeung TIK
di SMP mah. Seni Budaya cenah di kelompok B, ngaréndéng jeung Prakarya sarta
Penjaskes. Heueuh, rada ngahuleng ogé. Ari basa Sunda dimana? Panasaran,
nanyakeun ka nu diarudeng. Pokna téh, “Bisa diintergrasikan ke dalam Seni
Budaya.” (apal lah manéhna téh urang Tasik). Diintegrasikan téh kumaha? Basa Sunda
jadi panganteur pangajaran Seni Budaya? Atawa basa Sunda téh bagian tina
pangajaran Seni Budaya? Rarasaan mah, basa jeung budaya téh dina Perda-na ogé béda.
Kitu ogé seni. Ana ditalék kitu, lah, matak ateul peureup ngabandungan
jawabanana téh.
Uji Publik Kurikulum 2013 masih
dilaksanakeun, nu dina internet atawa pasamoan langsung di sababaraha tempat. Hasilna,
teu nyugemakeun. Sok sanajan can diketok palu, ari kahariwang mah aya. Kumaha mun
dina émprona bener-bener euweuh éta basa Sunda téh? Teu kudu nyaritakeun
guru-guruna, tapi basa Sundana. Cacak diajarkeun di sakola ogé sakitu
pihawatireun, komo mun henteu? Globalisasi ayeuna mah, Cép, basa nu kudu
digunakeun téh basa Indonésia jeung Inggris. Basa daérah mah bisa diajarkeun ku
kolot atawa tong ngandelkeun pamaréntah lah, ketak ti masarakatna wé. Rada
gogodeg kuring téh, aya benerna. Benerna téh, globalisasi geus di lawang panto,
boa geus asup ka imah. Ngan, ninggang di basa Sunda cukup diajarkeun di imah,
sanggup kitu kolot ngajarkeun basa Sunda di imah, sagala rupana? Mun téa mah
sanggup, keun. Pék tanya saurang-saurang, sakabupatén wéh, sanggup teu?
Nagara nu ahéng kasebutna, nu teu bisa
ngajaga ajén luhung budayana. Kapanan ragem-rinéka Indonésia téh asal-muasalna
mah tina budaya, seni, jeung basa daérah. Bhineka tunggal ika bilih teu uninga
mah. Ku lobana budaya, basa, jeung seni di Indonésia, ngabalukarkeun Indonésia
jadi nagara nu multi étnis, tapi ngahiji dina hiji beungkeutan. Mun salasahijina
leungit (atawa ngahaja dileungitkeun), nu mana nu disebut Indonésia? Da sakanyaho
kuring, dina Sumpah Pemuda nu katilu, menjunjung bahasa persatuan, bahasa
Indonesia, lain berbahasa satu, bahasa Indonesia. Badé sakantenan
ditambihan upami kitu mah: belajar satu bahasa global, bahasa Inggris. Moal
nyumputkeun pereluna diajar basa deungeun (Inggris), tapi mun ku diajar basa
Inggris tur poho purwadaksina, lah, muringkak bulu punduk!
Teu hariwang basa Sunda bakal leungit, da
nu mihéman mah loba. Tapi, inget, mun basa teu dipaké (sabab teu diajarkeun),
tungguan musnana. Mun kitu, aya meureun alesan séjén kunaon basa téh leungit:
sabab pamaréntahna teu ngarojong kamekaran jeung kalanggengan basa daérah. Cag.