Selasa, 08 Mei 2012

Galib

Teu kudu nempo gambarna, atawa nanyakeun saha nu nyieunna. Nilik eusina, saliwat mah asa heueuh: SASARENGAN NGEWANGUN NEGRI, enya, rampak gawe tea, kitu unina. Bet hayang seuri (keom we), basa nilik deui basana. Lain asa pangbenerna, ngan ku saliwat oge asa jadi bahan piseeleun beuteung. Satadina mah hayang SASARENGAN NGEWANGUN NEGRI, tapi kalahka asa maca buku Sabulangbentor.
Hal kieu teh geus jadi hal anu galib di nagara uing mah. Cenah mah teu kudu nilik bacaanana, tapi ajakanana. Hayu dina kituna mah, da meureun kudu ku urang ieu nagri teh diwangun. Ngan, kapanan aya jalma nu hayang apal heula cangkangna saacan apal eusina. Tah, meureun, sangkan sakabeh jalma (sugan) daek babarengan ngawangun nagri, lamun cangkangna diomean heula, sigana moal matak sareukseuk.
Heuheu, sugan we gancang-gancang diturunkeun....spandukna. Kapiring leutik...